“Hayang mah ulah aya Tétéh, ulah jadi Tétéh, jadi Nyi Sarinah baé.”
Kitu nu napel dina pipikiran téh. Halimun di Suku Gunung, salasahiji carpon nu kaunggel tina 13 judul dina buku kumpulan carpon Oknum karya Hadi AKS. Kahirupan, misteri, jeung naluriah manusa awor jadi hiji dina ieu lalakon.
Sabada Bapa jeung Tétéh paséa peuting harita lantaran budak nu dianti-anti téh teu lila umurna, Bapa ngiles teu puguh ka mana. Ari Tétéh téh baheulana sindén nu ibinganana nyieun geunjeleung para pamayang. Saacan prung magelaran, rombongan sandiwara Tétéh téh sok amit heula ka Nyi Munigar. Ngaran Nyi Munigar kungsi dijieun sajak ku Ratna Ayu Budhiarti nu judulna Nyi Munigar di Tanjung Lesung, inspirasina tina carita legenda Tanjung Lesung ti Banten. Dina kapercayaan urang basisir, Nyi Siti Munigar atawa Nyi Munigar téh dedemit nu ngageugeuh basisir kulon. Ceuk batur mah majar budak téh disambat ku Nyi Munigar. Tapi naha enya budak téh disambat atawa geus hadé ti dituna? Atawa boa Tétéh téh titisan Nyi Munigar téa, nu matak sok tuluy paéh mun boga budak téh?
Perkara di luhur bisa jadi boga jawaban saupama nu maca surti kana maksud panulis dina lalakon sanggeus éta. Dina lebah carita peuting harita nalika Ibin keur ngadaweung di buruan, seungit kamuning meleber kaanginkeun. Katempo aya nu jol ti tungtung basisir béh kalér. Nalika disidik-sidik, geuning Tétéh. Tétéh atawa Nyi Munigar? Dina carita, cenah Nyi Munigar téh bijilna sok ditandaan ku seungit kembang kamuning. Kabeneran harita nu kaambeu ku Ibin téh nya kembang kamuning téa. Enya rupana mah siga Tétéh, ngan papakéan jeung buukna ngarumbay tara-tara ti sasari, geulis. Ditanya ku Ibin tas ti mana téh kalah malik tanya keur naon Ibin di luar, sarta tuluy kalah ménta dikerok.
Tina sababaraha karya sastra nu ku kuring baca, katitén loba kapercayaan kana hal nu sipatna goib di masarakat téh. Ku lobana panulis nu nyieun carita mistéri kitu téh kuring mah sok jadi panasaran, naha enya éta nu dicaritakeun téh aya dikieuna atawa imajinasi jeung mahérna pangarang dina ngulinkeun galur carita? Peun perkara kapanasaran éta mah sina jadi lawang keur nu maca.
Ari Ibin, unggal poé ngan duaan jeung Tétéh téh kalah jadi teu puguh rasa kadieunakeun mah. “Hayang mah ulah aya Tétéh, ulah jadi Tétéh, jadi Nyi Sarinah baé.” Kitu sahenteuna pikiran Ibin harita téh. Enya, Tétéh di dieu téh lain lanceuk, tapi indung téré nu géséh umurna gé ngan 7 taun jeung Ibin. Saprak Bapa ngiles harita, hubungan antara Ibin jeung Tétéh nu jadi pikiran téh. Kumaha onjoyna pangarang dina ngulinkeun caritaan. Kuring surti, naha saprak Bapa ngiles, rasa nu nyaliara dina haté Ibin téh bet témbong deui. Pangna bisa nyebut kitu téh sabab saacan Tétéh kawin ka Bapa, Ibin kungsi ngalaman ngibing jeung Tétéh, jeung kelompok sandiwara nu baheula sok datang ka basisir, jeung Nyi Sarinah atawa nu kiwari disebut Tétéh téa.
Titik pangbalikan dina ieu carita kagambar nalika Tétéh ingkah ti imah, lantaran Bapa nu jadi tali paranti Ibin jeung Tétéh saimah téh geus taya dikieuna. Teu sawatara lila ti basa meunang béja yén Bapa geus kawin deui jeung urang Bugis sarta tuluy tilar dunya, Tétéh ngomong rék kawin jeung mandor perkebunan. Sigana bakat teu kuat, Ibin nepi ka ngagabrug ka Tétéh. Duanana papada ceurik, nyacapkeun rasa nu hésé diwilah-wilahna. Ibin teu bisa neguh kana haténa sorangan, naha éta téh awéwé nu kungsi jadi indungna atawa awéwé nu sok datang dina implengan nu samar kacida? Tungtungna mah semet bisa nyerangkeun ti kajauhan, nempo Tétéh ngiles lebah tatangkalan suku gunung nu kasaput ku halimun.
Di sagédéngeun éta, aya hiji hal anu ku kuring rasa kurang, nyaéta ambiguitas dina lebah ngiker-ngiker antara Nyi Munigar jeung Tétéh. Naha enya Tétéh téh Nyi Munigar, atawa ngan tetempoan Ibin hungkul? Da geuning sapopoéna mah normal Tétéh téh, teu katempo rindat-rindat nanaon. Sabenerna ieu bisa jadi hal nu matak pikatajieun, ngan ku sabab samar teuing bisa jadi nyésakeun rasa panasaran keur nu maca. Sanajan kitu, unsur kahirupan jeung unsur intrinsik dina ieu carpon katitén hadé. Pangarang ngagambarkeun kaayaan di sisi basisir katut pakasaban jalma nu dumuk di sabudeureunana. Lebah dieu pangarang suksés nyampurkeun unsur mistéri jeung unsur kahirupan nu matak ngahudang kapanasaran.
Ditulis ku Érmawar Ligar, mahasiswa jurusan Pendidikan Bahasa Sunda entragan 2023 kiwari mancén gawé jadi pupuhu Turus.