Nepangkeun, pun Léngsér.
Ti dituna mah majalah bulanan keur balaréa. Eusina sabudereun isu publik. Susuganan bisa milu ngeuyeuban bukur catur sapopoé.
Naha masih perlu aya média kawas kieu?
Mémang, dina jaman digital kawas ayeuna, unggal jalma bisa ngumumkeun naon baé dina médiana sorangan. Langsung muka aksés ka balaréa ku sacarana-sacarana. Unggal jalma nya jadi média téa. Sasatna geus teu butuheun ku média nu ngarasa jadi wawakil publik.
Tapi justru di satengahing pabuisna kontén média sosial, tepi ka warta jeung hoaks beuki hésé dibédakeunana, média nu konténna teu sagawayah sigana aya kénéh perluna. Maksudna teu sagawayah téh sabisa-bisa diluyukeun jeung papagon jurnalistik nu geus maneuh: dipaluruh, dibadamikeun, disarungsum heula méméh diumumkeun.
Pilihan isuna sabisa-bisa luyu jeung nu keur jadi perhatian balaréa, nu tumali kana kapentingan masarakat sakumna ti waktu ka waktu. Isu publikna bisa ti mana baé, boh ti lingkungan deukeut boh nu ti jauhna. Mungguh jaman kiwari, kawantu kabel optik sakitu pakurantengna handapeun sagara di satungkebing buana, jagat informasi beuki karasa buleudna, teu kahalangan ku rupaning tapel wates géopolitik.
Basana basa Sunda, basa indung puluhan juta jalma, nu milu ngabeungharan tata warna budaya di alam dunya, nu diparaké ku balaréa tur dipaluruh di paguron luhur. Réa nu hariwang, boa kabeungharan basa di dunya bakal terus ngurangan. Batan neluh manéh, leuwih hadé metakeun rupaning tarékah sangkan ieu basa tetep lugina. Salah sahiji carana nya maké éta basa, boh lisan boh tinulis.
Puguh wé, basa Sunda jurnalistik téh boga tradisina nu mandiri. Paling copélna ti dasawarsa awal abad ka-20 geus prah ieu basa diparaké dina rupaning kalawarta. Malah aya média jurnalistik Sunda nu lalampahanana kaitung lana tur pidanganana kapaké ku balaréa. Ngan baé, tayohna can aya nu haat maluruh bubuk leutikna, muguhkeun palanggeranana, dina enggoning milu ngabeungharan ieu basa bari ilubiung ngigelan tepak kendang parobahan jaman.
Média hirup ku basana, ari basa beunghar ku kekecapanana. Komisi istilah pohara pentingna, ngagulang-gapér léksikon kacida perluna, pangpangna mah keur muguhkeun kekecapan nu hirup hurip dina komunikasi sapopoé. Pan kuduh puguh keur nyaritakeun naon istilahna naon, kumaha éjahanana jeung cara merenahkeunana dina kalimah, jsté. Ku kituna dina ieu média aya hiji rohangan keur sing saha baé nu boga karep ngotéktak jatining kecap.
Lian ti hayang nyumponan fungsi jurnalistik, geus diniatan deuih ilubiung muka rohangan keur hasil-hasil rinéka basa nu mibanda ajén sastra boh prosana boh puisina. Susuganan rohangananna téh jadi pangreureuhan tina pabuisna jejer catur balaréa nu teu puguh luak-léokna atawa tina balawirina rupaning kekecapan nu teu nepi kana implengan nu nyosok jero.
Ngalandi manéh “léngsér” téh sugan baé bisa jadi pangjurung mikeun ngemban utusan di rohangan publik. Na saha rajana? Ah, teu aya. Barina gé raja nanahaon da geus teu usum. Dina ayana gé nu rék dihormat, éta taya lian ti masarakat balaréa nu geus tangtu mikabutuh informasi katut hasil rinéka basa lianna nu bisa diandelkeun pikeun hirup sapopoé kalayan merdéka.
Tabé, pun.***(hws)