Sequence Preloader Icon Three orange dots increasing in size from left to right

Wilujeng sumping!

Saturday 19th of April 2025 02:51:30 PM

Seni Sunda Iraha Bakal Mekarna?

Seni Sunda téh rada pikamelangeun. Komo hirup-hurip kahareupna mah asa ringrang. Katurug-turug ungkara Mang Koko dina rumpaka‘Pélog jeung Saléndro nyirorot kurang pasaran’ téh matak beuki hariwang. Tétéla nu raresep kana seni Sunda mah réa kénéh, ngan lebah nu boga karep hayang mekarkeunana can katémbong lobana. 

 

Nu lalajo wayang masih kénéh loba, kawih Nining Méida masih réa diputer, kitu deui jaipongan masih dipintonkeun ku barudak. Hartina seni Sunda masih kénéh hirup tur loba nu mikaresep, ngan keur karaharjaanana can pati dipaliré ku pihak pamaréntah.

 

Kawih Mang Koko nu judulna “kasenian” kuduna jadi lenyepaneun keur sakumna urang Sunda, utamana pihak pamaréntah, seniman, tur para aprésiator. Dina kawihna éstu témbrés ngagambarkeun industri kasenian dina mangsa harita nu ngaharib-harib jaman ayeuna. Sanajan henteu togmol nepikeunana, tapi rumpaka dina ieu lagu ngawakilan kumaha hirup-huripna seni Sunda kiwari. Lantaran ditulis dina génré puisi, tangtu basa-basa nu digunakeun euyeub ku métafor-métafor. Kaayaan nu digambarkeun téh katitén antara seniman, aprésiator, sarta pihak nu miboga wewenang patalina jeung urusan kabudayaan.

 

Patalina hubungan antara seniman, aprésiator, jeung pamaréntah téh bisa diibaratkeun kawas hiji simbiosis anu silih ngabutuhkeun. Pangna kitu téh lantaran hiji kasenian moal bisa mekar mun taya palakuna, moal bisa nanjeur mun teu dirojong pamaréntah, tur moal bisa kasohor mun taya nu nongtonna. Ku kituna ieu hubungan téh perlu dijaga harmonisasina. Tapi dina ieu kawih mah teu pati ngagambarkeun kaayaan nu kitu, malah sabalikna.

 

Dina pada ka hiji jeung ka dua tétéla yén Mang Koko mangmelangkeun kana seni Sunda nu beuki nyirorot, boh idéntitasna boh pamorna. Da jeung enyana ka kiwarinakeun mah seni Sunda hususna seni musik téh asa ngaharib-harib “Gado-Gado”. Nu ngaranna gado-gado tangtu sagala aya, sagala dicampurkeun. Kitu deui dina seni musik Sunda, ayeuna mah bisa ningali kacapi sulingan nu ditambahan ku biola, atawa tatabeuhan kuda lumping nu dieuyeuban ku gitar listrik. Apan ari biola jeung gitar mah asalna gé ti éropah lain ti Sunda.

 

Akulturasi anu dilarapkeun dina conto di luhur téh minangkana mah kamonésan ti para palaku seni dina nyanghareupan owahna jaman. Éta hal téh jadi hiji tarékah sangkan seni Sunda bisa tuluy hirup. Sok sanajan keur golongan konservatif mah éta hal téh tangtu henteu bisa dibenerkeun. Tapi dina jihat nu séjén, ku ayana akulturasi téh némbongkeun yén kasenian Sunda bisa ngigelan jaman.

 

Waditra nu dibarung ku alat musik modérn gé da masih kénéh ngeunaheun kadéngéna. Nya teu nampik deuih pangaruh alat musik modérn téh matak ngeuyeuban, malah boa nambahan variasi anyar keur kasenian Sunda. Ngan nu matak jadi panasaran téh, Naha teu nanaon kitu saupama seni musik Sunda téh kapangaruhan deungeun?

 

Sabenerna da euweuh aturan nu tangtu ngalarang seni musik tradisional nu dicampur ku musik modérn. Tapi pan beungharna hiji kabudayaan téh ti dinya, tina cicirén nu dipiboga ku éta kasenian sarta teu dipiboga ku kasenian nu séjén. Matak aya babasan “ciri sabumi cara sadésa”. Nu matak dina kontéks sosial budaya ayeuna, akulturasi téh bisa dijadikeun tarékah pikeun mekarkeun deui seni Sunda. Asal ulah tepikeun ka mopohokeun komo ngaleungitkeun kana ajén-inajén éta kasenian.

 

Tah nu paroho kana luhungna ajén kasenian ku Mang Koko disebutna kamalinaan. Pangna kitu lantaran éta kasenian ngan saukur ngudag nu patalina jeung hal ékonomis, padahal aya ajén filosofis ogé nu sakuduna mah bisa tetep dipertahankeun. Ku lantaran faktor pangabutuh téa, nya jadi wéh nu diudag téh untungna wungkul.

 

Euweuh salahna ogé mun palaku seni ngudag hal ékonomis nalika manggung, dalah manéhna gé sarua jelema anu butuh dahar tur nyumponan sagala pangabutuh hirupna. Komo deui kiwari mah butuh itu butuh ieu, ari harga beuki nérékél. Ngan nu matak jadi pasualan téh keur para palaku seni, ari kaperluan hirup sakitu réana tapi kauntungan nu dimeunangkeun teu sabaraha. 

 

Modal nu kudu disiapkeun saacan bisa prung minton téh kawilang réa. Ti mimiti  prosés latihan nu leukeun, sangkan nalika dipintonkeun bisa nyugemakeun. Éta tangtu ngaluarkeun biaya keur transportasi, leuheung mun boga transportasi sorangan, lamun kana umum tangtu leuwih boncos. Kajaba makeup jeung papaés séjénna kudu ditataharkeun ti anggalna, tangtuna waé hargana lumayan. Can lamun aya calo nu kudu dibayar, atuh beuki nambahan waragad nu kudu dikaluarkeun.

 

Dina émporona bérés manggung, modal nu dikaluarkeun sakitu réana téh teu matak jadi untung gedé. Lantaran kudu nutupan modal-modal nu saméméhna dikaluarkeun. Nu matak dina ieu kawih ku Mang Koko disebutna “cukup keur meuli treuk butut”. Ngandung harti ngan sakur cukup keur ngabayuan hirupna wungkul.

 

Sakuduna mah pihak nu boga wewenang tur tanggung jawab pikeun majukeun kasenian Sunda téh ngilu aub tur ningali kana kondisi nu aya di lapangan. Lain ngan saukur méré catur “Hayu mumulé budaya Sunda” tapi euweuh bukurna. Geuning masih kénéh réa para nonoman nu ngamumuléna teu dilieuk-lieuk acan. Antukna seni Sunda téh loba nu resep wungkul, tapi kurang nu boga karep mah. Kumaha rék boga karep atuh, da modal nu kudu dikaluarkeun lumayan loba, ari aprésiasi kana hasilna teu sabaraha.

 

 Ningali kitu para gegedén téh kawasna ngan sakur semet reugreug yén éta kasenian téh masih kénéh dipintonkeun, hartina masih diriksa. Tapi teu mikiran kumaha pikahareupeunana mah.

 

Lamun kitu mah atuh saha nu rék ngamumuléna gé. Sok sanajan seni téh sipatna teu komersil, tapi tetep kudu bisa adil jeung naon nu geus dikorbankeunana. Keur mah nu boga karep téh teu pati loba, atuh meureun kasenian Sunda téh beuki wé nyirorot. Mun geus kitu saha nu kudu disalahkeun? Para pajabat nu teu bisa nyieun seniman raharja? Para aprésiator nu teu bisa méré pangajén leuwih kana karya seni? atawa para nonoman nu émang teu boga kahariwang kana seni Sunda kahareupna? Ah da ari silih tuding mah babari, anggur mah mending bebenah babarengan sangkan leuwih merenah deui.

 

 

Ditulis ku Adjié Sugih Setyadi, Mahasiswa aktip prodi pendidikan bahasa Sunda seméster 6. Gumelar ping 24 Juni 2004 di Bandung. Kungsi ilubiung di Hima Pensatrada Périodeu 2024-2025 salaku Pupuhu Turus jeung Pupuhu Calagara Mitra Sunda 2024.

 

Gambar: Kacapi. ©Ikhlasul Amal