Sequence Preloader Icon Three orange dots increasing in size from left to right

Wilujeng sumping!

Thursday 19th of June 2025 12:52:27 AM

Poé Basa Indung Internasional Dina Tanggal 20 Pébruari?

Dina raraga ngareuah-reuah Poé Basa Indung Internasional, Hima Pensatrada gawé bareng jeung Prodi Pendidikan Bahasa Sunda ngayakeun Seminar “Ngaguar Sastra Sunda dina Pangajaran Basa Sunda”. Ieu kagiatan dilaksanakeun di Auditorium Gd. B lt. 4 FPBS UPI dina poé Kemis, 20 Pébruari 2025. Cukang lantaran ieu acara diayakeun dina tanggal 20 Pébuari dijelaskeun ku Wakil Dekan Bidang Keuangan, Sumber Daya, dan Umum, Prof. Dr. Dingding Haerudin, M.Pd., nyaéta sangkan di tanggal 21-na mahasiswa Sunda bisa ngilu ngareuah-reuah di tempat séjénna.

 

Poé Basa Indung Internasional mangrupa salasahiji poé penting nu dilaksanakeun unggal taun dina tanggal 21 Pébruari. Kaasup basa Sunda. Basa indung lain ukur basa daérah tapi ngawengku ogé basa Indonesia, basa Inggris, atawa basa keur sakur-sakur jalma nu gelar mimitina ngagunakeun éta basa.

 

Kagiatan dibuka ku pintonan layeutan sora tuluy dipungkas ku pintonan musikalisasi sajak Ger Giat Migawé Hadé karya Yus Rusyana. Ieu acara ngondang dua sastrawan Sunda nu kawéntar nyaéta Aam Amilia jeung Abdullah Mustappa salaku pangejejer. Ieu seminar dipanumbu caturan ku salasahiji dosén Prodi Pendidikan Bahasa Sunda nyaéta Agus Suhérman. Salian ti ngondang dua sastrawan salaku pangjejer, pihak acara ogé ngondang dua sastrawan Sunda nu séjén, nyaéta Hawé Setiawan jeung Yus Rusyana.

 

Kalintang mahérna Agus Suherman salaku moderator dina ngawangun obrolan jeung narasumber. Katitén tina aktifna forum seminar jeung lobana pertanyaan ti pamilon nu minuhan Auditorium FPBS. Hanjakal, waktu tilu jam teu cukup keur ngajawab sakabéh patalékan ti pamilon. Tina genep pamilon nu ngacungkeun leungeunna, ngan lima nu kabagian nanya, jeung hiji nu mairan ti guru besar Prodi Pendidikan Bahasa Sunda, Prof. Dr. Yayat Sudaryat, M. Hum.

 

Saréngséna runtuyan acara, para pamilon dipoto bareng jeung narasumber, malah teu saeutik nu ménta tanda tangan ka inohong nu aya keur buku karya anjeunna.

 

 

Kontributor: Érmawar Ligar

Éditor: É. P. Jatnika