Sequence Preloader Icon Three orange dots increasing in size from left to right

Wilujeng sumping!

Saturday 19th of April 2025 02:51:30 PM

Pembantaian di Jenin jeung Bom di Nethaniya

Sawangan kana carpon “Jenin Caah Getih” karya Pipiet Senja

 

“Maret, poé Ahad di Jenin. Hiji kota di wewengkon Tepi Barat, Paléstina.” Kitu minangka bubuka carpon téh. Urang salaku nu maca langsung disogrogkeun latar waktu jeung tempat ieu carpon.

 

Carpon “Jenin Caah Getih” nyaritakeun hiji wanoja Paléstina anu geus kaleungitan salakina alatan perang Israél-Paléstina. Kiwari cicing jeung budakna. Kajadian dina ieu carpon aya kana sababaraha jam méméh kajadian penyerangan Israél ka kamp Jenin. Kacaritakeun di kamp Jénin, para warga sipil pangeusi kamp téh karék meunang sumbangan ti Hamas. Boh baju boh dahareun. Tapi teu lila éta kamp téh diserang ku tantara Israél. Antukna, budak hiji-hijina si tokoh utama ogé palastra, sabab dirogahala ku tantara Israél. Tuluy kabéh pangeusi kamp nyumput ka bunker. Sabada kajadian harita si tokoh utama indit ka Nethaniya, Yérussalem, pikeun ngalakukeun bom bunuh diri. Barang jol di éta tempat, tokoh utama dipegat heula ku tantara Israél. Dina kaayaan anu siga kitu, antukna tokoh utama ngaaktifkeun éta bom rakitan. Pamungkas carita, aya adegan nu ngambarkeun yén kulawarga tokoh utama anu geus maraot, ngagupayan ka manéhna ti kajauhan.

 

Sakitu ari caritana mah. Sacara karya sastra mah meureun bisa disebut karya fiksi sajarah téa. Disebut kitu sotéh sabab si tokohna bisa waé fiksi, tapi ari kajadianana nyaan. Méh teu bingung naha disebut aya kajadian enyaanana hayu urang cukcruk galurna.

 

Carpon “Jenin Caah Getih” (satuluyna disingget JCG) mawa urang salaku nu maca kana kajadian di Jenin taun 2002, nalika Israél nyerang kamp nu aya di Jenin. Ieu kajadian disebut intifadah (mangrupa istilah Islam nu hartina perlawanan) ka-2 anu aya di taun 20002005. Alatan gempuran ieu téh, ngaleungitkeun leuwih ti saparapat populasi ogé ngaancurkeun kamp anu aya. Numutkeun Amnesty International and Human Rights Watch, yén Israél Defense Forces (IDF) geus migawé kajahatan perang. 

 

Carpon JCG dipungkas ku adegan si tokoh utamana ngalakukeun bom bunuh diri. Manéhna ngalakukeunna di Nethaniya, Yérussalem. Saumpama urang maca carponna, dicaritakeun yén si tokoh utama meunang bom-na téh ti tokoh nu ngaranna Ahméd. Dicaritakeun ogé yén éta bom téh disaluyuan ku Hamas. “Lalaunan leungeunna ngusapan beuteung, jeroeun gamisna dikurilingan ku bom rakitan. Ngahaja beunang ménta ti Ahméd. Malah disaluyuan pisan ku Hamas.”

 

Ieu carpon téh luyu pisan jeung laporan atawa katerangan anu kapaluruh ku sim kuring tina wéb Israéli missions around the world. Dina éta wéb aya data ngeunaan bom bunuh diri di Israél. Kaasup kajadian bom bunuh diri di Nethaniya. 

 

Mar 27, 2002 – 30 people were killed and 140 injured20 seriouslyin a suicide bombing in the Park Hotel in the coastal city of Netanya, in the midst of the Passover holiday seder with 250 guests. Hamas claimed responsibility for the attack. The terrorist was a member of Hamas from Tulkarem, on the list of wanted terrorists Israél had requested be arrested.”

 

“Maret 27, 2002 – Ayana kana 30 jalma maot jeung 140 urang ngarandapan tatu—20 ti antarana tatu parna—dina hiji kajadian bituna bom bunuh diri di Park Hotél di Nétanya, sabot urang dinya keur ngareuah-reuah Paskah anu didatangan ku 250 tamu. Hamas ngaku tanggung jawab kana serangan éta.” 

 

Masih dina perkara bunuh diri atawa maéhan manéh téa. Lamun urang nyoko kana ajaran Islam mah urang téh dipahing pisan maéhan manéh. Dina Al-Qur’an surat An-Nisā (4) ayat 29, Allah Swt. ngadawuh:

 

Wa lā taqtulū anfusakum … (jeung poma maranéh ulah rék maraéhan diri maranéh sorangan).” 

 

Sanajan kitu dina ieu carpon, si tokoh utama téh milampah bunuh diri anu tujuanna pikeun bajoang. Hal ieu sabenerna teu bisa dibenerkeun sacara agama saupama nyoko kana ayat di luhur. Tapi di luhur gé geus dijelaskeun yén kajadian bom bunuh diri dina carpon JCG téh aya dina kajadian nyata. Ku kituna urang salaku nu maca ulah neureuy buleud naon anu dibaca. Ulah antukna urang maca ieu karya tuluy jol ngalakukeun bom bunuh diri. Pan ieu téh ceuk kuring gé fiksi sajarah. Aya kecap fiksi di jerona.  

 

Sakitu ulasan ti sim kuring. Mugia rahayat Paléstina ditangtayungan ku Gusti Nu Maha Suci. Jeung Paléstina bisa leupas tina téror anu ayeuna keur karandapan.**

 

Gambar: Jenin. ©Mujaddra