Sequence Preloader Icon Three orange dots increasing in size from left to right

Wilujeng sumping!

Thursday 19th of June 2025 03:03:47 AM

One Six Sauyunan gawé bareng Pasar Biru baris Ngayakeun Pasar Buku

One Six Sauyunan gawé bareng jeung Pasar Biru baris ngayakeun pasar buku di Nyéngsérét, Astanaanyar, Kota Bandung, ping 13–15 Désémber 2024.  Ieu acara mawa jejerna “DARI KAMPUNG INI KAMI BELAJAR”. Acarana ogé dieusi ku rupa-rupa kagiatan.

 

Di antarana sawala kasundaan ngeunaan Emma Poeradiredja. Diteruskeun ku sawala ngeunaan D.K. Ardiwinata, jeung sawala ngeunaan Sipatahoenan. Lian ti sawala ngeunaan kasundaan, ieu kagiatan ogé nyawalakeun sarupaning pasualan ngeunaan Palestina Merdéka. Ieu sawala baris dieusi ku para pelajar SMA salaku pangjejer.

 

Aya ogé workshop nulis pikeun guru jeung workshop ngolah sampah sarta kagiatan beberesih wahangan nu baris dipandu ku River Clean Up Indonesia.

 

Salila tilu poéna, ieu acara baris direuah-reuah ku pintonan para musisi Bandung saperti Adew Habtsa, Abah Om Tris, Kiking, Samanesna, Imam Kelana, jeung Mas Midas nu lumangsung di Aula Lio Genténg, Astanaanyar, Kota Bandung.