Sequence Preloader Icon Three orange dots increasing in size from left to right

Wilujeng sumping!

Saturday 19th of April 2025 02:48:52 PM

Nyalametkeun ti Imah Bordil

Hawa tiis nyecep kana tonggong, sora manuk silih témpas. Mangsa harita mah, Lémbang téh kénéh asri teu loba gedong-gedong hotél, ogé teu loba tempat pakanci jiga ayeuna. Ari nu arulin liburan mah ti baheula gé aya ngan meureun teu jiga ayeuna. Boh jalma, boh kandaraan, kabeh pasesedek. Ti mangsa Lémbang tiis éta, kuring panggih jeung pipamajikaneun.

 

Kieu caritana.

 

Unggal isuk-isuk, kuring geus kudu nyaring, nya kumaha deui da kieu geuning hirup bari buburuh mah. Sésa waktu téh lain milik sorangan. Kuring gawé di hiji kawasan pakanci anu saban poé Saptu atawa Minggu jalma réa ti kota datang ka dieu. Mereun hayang niiskeun ceuli ku sora-sora sasatoan atawa saukur ngahérangkeun panon nempo tutuwuhan hararéjo. Digawé téh ti isuk nepi ka panon poé panas méntrang luhureun emun-emunan. Mun geus réngsé digawé, peutingna sok pelesiran ka kota numpak Véspa jeung Wa Uut. Teu pira, ukur nonton pilem di bioskop.

 

Wa Uut téh jalma anu mahér pisan di widang kasenian. Malah anu nyieun patung pahatan di tempat gawé kuring téh manéhna, nu matak tempat wisata téh katempo merenah. Sok loba urang kota nu datang ka tempat pakanci tuluy popotoan dina patung jieunan Wa Uut. Aya béja yén Wa Uut téh muridna pentolan Lékra di Bandung.

 

Kuring teu pati apal naon ari Lékra téh. Cenah mah Lékra téh bagéan ti PKI, Partai Komunis Indonesia. Ari PKI téh apan komunis, lin? Sainget kuring basa sakola kénéh di SMP, harita ramé aya rajia ti tangtara ka jalma-jalma anu dituduh komunis.

 

Harita kuring keur sasapédahan deuk balik ka imah. Sajajalan balik téh kuring nempo jalma-jalma dipariksa jeung ditéwakan. Saenggeus kajadian éta, loba jalma anu wajib lapor ka désa. Dipariksaan KTP-na, tuluy dicap “Tapol”.  Salian kudu wajib lapor, sababaraha jalma anu boga pangabisa, cenah digawékeun, salah sahijina nyaéta Wa Uut anu manéhna téh jago dina mahat.

 

*****

 

Wa Uut téh gawéna biasana teu sorangan. Manéhna sok dibantuan ku mojang geulis tur parigel. Ngaranna éta mojang téh Marlina.

 

Harita kungsi teu kahaja paadu teuteup jeung manéhna. Duh, Gusti, asa ningali permata dina panon manéhna. Ditilik-tilik buukna hideung, rarayna campuran antara Sunda jeung Walanda, lenjangna has Éropa. Hanjakalna, kuring teu apal naha bet manéhna aya di dieu? Gawé di tempat sarua jeung kuring ogé Uwa. Ngilu balangsak buburuh ka mamana. Nasibna sarua jiga Uwa, mantan tapol!

 

Stigma yén Wa Uut jeung Marlina téh PKI masih kénéh leket. Teuing naon pangna jalma téh meni teu resep ka PKI, ka Lekra, jeung ka Gerwani.

 

Dina hiji mangsa, Marlina teu asup gawé, leungit euweuh kabar mangpoé-poé. Haté degdegan, lain sabab pateuteup jeung manéhna, tapi mun teu nempo panon manéhna sok melang, pikiran teu paruguh, ngadégdég, degdegan, leuleus kacida teu walakaya.

 

Peuting harita, kuring teu ulin ka kota numpak Véspa kawas biasa. Kuring bébéja jeung ménta widi ka Wa Uut keur néangan Marlina. Aya béja cenah Marlina diculik. Nguping béja jiga kitu, haté hariwang tapi teu walayakaya, aya rasa ambek anu ngagolak teuing naon sababna.

 

Ieu moal jauh pasti pagawéana si Otang Buntung, jawara di dieu. Manéhna sok ngabongohan awéwé nu keur butuh duit anu engkéna bakal digawékeun di imah bordil. Tapi béda caritana lamun ka Marlina, manéhna disangka bagéan ti Gerwani, pédah deukeut jeung Wa Uut anu dituduh Lékra.

 

***

 

Kuring manggihan si Otang nu keur gawé. Manéhna ogé mandor di hiji proyék. Teu loba lila kuring langsung nyamperkeun si Otang bari ngagorowok.

 

“Otang!”

 

Si Otang ngalieuk ngerutkeun tarang.

 

“Di mana Marlina?” tuluy gorowok kuring.

 

Manéhna molotot bari ngomong, “Awéwé Gerwani mah teu pantes dipikabogoh,” bari tanggah, leungeunna melak cangkéng sabeulah.

 

Ti dinya kuring geus teu bisa deui nahan ambek. Baju si Otang ku kuring bedol ku leungeun katuhu. Manéhna rada reuwas jeung teu was-was, barang huluna hareupeun kuring, lengeun kénca nu geus meureup mereket neunggeul pipina nu katuhu. Si Otang ngagaléyong rék labuh ka katuhu. Manéhna nyoba nahan ku leungeun ngarah teu murag. Tapi teu bisa sabab lengeun katuhuna buntung teu bisa nahan. Pas rék murag, teu kungsi lila suku katuhu kuring ngawahan rék najong huluna si Otang. Diheuraskeun saheuras-heurasna, suku ngapung nalapung irung si Otang. Getih ngucur ka mana-mana tina irungna.

 

Kuring leumpang lalaunan nyampeurkeun si Otang nu geus ngagolér. Manéhna nyobaan usik hanjat tapi ngaguprak deui teu kuateun. Kuring nengak ka luhur bari ngarénghap, tuluy ngajorowok ngaluarkeun kaambek anu teu béak-béak. Leungeun katuhu ngabedol deui baju si Otang nu keur ngagoprak. Saacan neunggeulkeun deui peureup, kuring melong heula bengeut si Otang nu buereum pinuh ku getih bari nanya, “Di mana Marlina?”

 

Si Otang beunta lalaunan bari babaraha kali batuk getih, “Di… oho (batuk) di imah bor….”

 

Can gé kebat omongan si Otang, kuring kaburu napsu ngadéngéna. Panon beuki molotot, leungeun ancang-ancang ngawahan bari ngajorowok tarik, “Nyaho naon manéh, anjing!” Tuluy neunggeulan pipina si Otang nepika euweuh deui tanaga keur nenggeul.

 

Kuring diuk gigireun si Otang anu geus babak belur, sasakali ngalieuk nempo bengeutna, kuring ngarénghap eungap bakat ku cape, béak tanaga. Euweuh anu disebut kaduhung, paduli teuing naon éta Gerwani. Kuring teu paduli saha waé nu ngahalangan lamun geus pabéntar jeung masalah asmara mah. Teu lila saenggeus tanaga ayaan deui, kuring geuwat ngahurungkeun motor nyalametkeun Marlina ti imah bordil.

 

Satepina di buruan imah bordil, kuring nyetandarkeun motor. Sabab geus leuleus, standar motor téh teu jejeg nangtung, atuh motor tiguling. Geus sabodo teuing kana motor sabab aya anu luewih penting. Enya, ngajemput Marlina. Aya babaraha jelema anu keur cicing di hareup imah bordil. Ting arolohok nempo kuring pinuh ku getih si Otang.

 

Kuring leumpang ka jero imah bordil. Di lawang panto aya hiji jelema ngahalangan.

 

“Rék naon manéh ka dieu?” manéhna nyeuleungkeung bari nyekel taktak kuring. Nahan sangkan teu asup.

 

Kuring molotot ka manéhna bari ngomong, “Mana Marlina?”

 

Manéhna teu ngajawab, ngadon leuwih tarik nyekelan taktak. Kuring ngarérét mapay nempokeun manéhna ti mimiti panon nepi leungeun manéhna anu keur nyekel taktak kuring, balik deui kuring nempo panonna. Teu kungsi lila sirahna geus diranggeuy ku leungeun kuring. Dijurungkeun awakana kana panto. Dua leungeunna nyekelan leungeun kuring, pepereket hayang dileupaskeun, tapi ku kuring sirahna didagor-dagorkeun babaraha kali kana gagang panto nepi ka bocor kaluar getih.

 

Jalma-jalma nu tadi narempokeun ting jorowok ménta bantuan keur misahkeun kuring. Babaraha jalma kabur lalumpat, aya ogé anu kadénge ngomong kieu, “Geuwat béjaan Kang Otang.”

 

Maranéhna teu apal si Otang geus béak babak belur ku kuring. Jalma nu kuring dagor-dagor kana gagang panto geus ngaleupaskeun cekelanna. Bari masih diranggeus sirahna, kuring ngaharéwos ka manéhna, “Di mana Marlina?”

 

Manéhna kéneh teu ngajawab. Saprak dileupaskeun sirahna, manéhna ngaguprak murag, kuring teu sadar yén manéhna geus pingsan.

 

Gagang panto nu tadi garing ayeuna baseuh ku getih. Ku kuring dibuka éta panto, tuluy asup kajero néangan Marlina.

 

Di jerona aya sababaraha panto deui. Hiji-hiji dibukaan. Pas panto nu ka tilu, aya Marlina keur diuk di juru kamar sabari nanggeuy tuur. Geuwat ku kuring disampeurkeun. Diusapan buukna. Manéhna ngoréjat sieuneun. Ku kuring diusapan deui bari ngomong, “Nyai, ulah sieun ieu abdi.”

 

Manéhna ngalieuk ka kuring tuluy ceurik.

 

“Hayu uih, geulis,” ngabedol Marlina lalaunan.

 

Ceurikna ngadon beuki tarik. Jol manéhna nangkeup kuring. Bari ceurik ingsreuk-ingsreukan, manéhna ngomong, “Duh, Gus.. Gusti, da ab.. di mah embung kieu téh… Em…embung ki.. kieu, Gustiiiiiiii.”

 

Pas ngadéngé éta, cimata kuring nyrucud bari ngusapan buukna. Teu kudu lila kuring mawa Marlina balik. Manéhan ukur ungeuk.

 

“Duh, geulis, soca biru, buuk hideung, awak jangkung lenjang, teu pantes keur aya di dieu,” gerentes haté kuring.

 

****

 

Sabada kajadian éta, kuring nikah ku akad anu sah jeung manéhna. Ayeuna geus mang puluh-puluh taun, anjeun ninggalkeun kuring hirup sorangan.

 

Marlina, hampura akang nikah deui. Haté mah masih keneh sono ka anjeun, Marlina. Paduli teuing anjeun dituding Gerwani atawa PKI, ari bogoh mah lain pasualan idéologi, tapi urusan cinta jeung kaikhlasan anu murni.

 

Angin niupan haseup udud kuring. Dadaunan anu garing ngilu hiber katebak angin. Kuring anu keur diuk di téras imah bari ngalepus udud jol aya nu nepak. Ari nu nepakna awéwé, buukna hideung, rarayna campuran antara Sunda jeung Walanda, lenjang has Éropa.

 

“Hayu atos siang,” pok manéhna.

 

Kuring miteskeun rokok kana asbak bari cengkat ti korsi, “Muhun, hayu.”

 

 

 

Ditulis ku M Akmal Firmansyah, jurnalis nu buku-buku puisina parantos terbit dina zine basa Indonesia ogé basa Sunda, Cintaku Dipalak Ormas: Sekumpulan Puisi yang Seharusnya Dibegal Saja (2024) jeung Beling: Sajak Nyeri Haté Aing (2025).

 

Gambar: Charith Kodagoda/Pexels.com