“Ulah sok saré teuing keur tunduh,
ulah sok dahar keur hayang,
puasa kudu lakonan
…
Ari tapa téh, Adi,
henteu dahar henteu ngaleueut,
henteu nyesep-nyesep acan.”
—tina carita pantun Lutung Leutik (Kuningan)
TEU kaagéhan pantun generasi kuring mah. Dalah dikumaha. Duka balad saentragan nu gumelar di pilemburan tumuwuh di kasepuhan cara di Gunung Halimun atawa Kabuyutan Kanékés mah, tayohna kabagéan kénéh. Ninggang di kuring, barang nyah beunta nu kasampak éstu jagat pustaka. Carita pantun téh tepina ka kuring mah winangun naskah ketikan atawa buku citakan. Nu kungsi kalisankeun jaman baheula ngajirim aksara jaman ayeuna.
Nya buku nu ayeuna keur dibaca contona mah. Lain ayeuna-ayeuna teuing deuih saenyana mah. Jurupantun Bapa Taswan ti Kuningan pok ngajentréngkeun lalakon “Lutung Leutik”, trét lalakonna dicutat ku Bapa R.S. Wirananggapati dina ping 26–28 Juni 1958—kira sapuluh taun méméh kuring lahir. Catetanana teras diparios ku sastrawan Bapa R. Satjadibrata anu maparin koréksi kana sababaraha istilah. Sumirat medal winangun buku wedalan Firma Dana Guru di Jakarta. Hadéna aya lapak buku loak, kuring bisa milu ngagulanggapér nu kungsi dicitak.
Kayungyun ku rajahna: kekecapan pangaruh Islam sumélékét kana galuring ungkara tutungkusan urang Sunda. Méméh pok medar carita, Ki Jurupantun sanduk-sanduk heula. Antarana kieu pok-pokanana: //“Ashadu ala ilaha ilaloh/ wa ashadu ana muhamadar rasululoh/ walakamdu badan/ lilahi ati/ rabial nyawa/ maliki getih …”// Sanggeus kitu bréh nu baroga lalakon, bangsaning “ménak ti Pajajaran” atawa bangsawan ti Pakuan, ratu itu radén éta, kalayan Bapa Léngsér minangka liaison officer-na. Nu ngapung, nu tapa, nu parebut alas di alam dunya, jeung saterusna. Ramé téh jeung enyana: 130 kaca matak resep macana.
Cawokahna puguh wé nyampak, moal boa mamanisna carita. Ngan macana rada saliwat, kuriak matak batal puasa. Atuda Bapa Léngsér seja ngadeuheus, kasampak Ratu Emas nuju tibra bari jeung sinjangna téh teu patos kapiroséa. Heup, tong diteruskeun, geuwat ka jajaran lianna. Ongkoh da ungkarana gé saenyana mah kasebut formulaic, geus tangtu racikanana, sakumaha ungkara nu ngagambarkeun tokoh carita keur dangdan, leumpang, jeung sajabana.
Raména mah lain lebah dinya. Kapan nu boga lalakonna téh Ratu Bungsu Karma Jaya, “putra Ibu Nawang Wulan”, “nu tiasa ngarangga wayang” téa jeung Ratu Emas Bagandan Sari ti Cihanjuang. Pada-pada dinyenyeri, pada-pada ditelengesan ku Ratu Emas Malanggi Rarang di Margacinta nu réa paménta gedé timburu. Pok amprok di leuweung, di siklukna Margacinta. Ka dituna mah nya kantun diwawaas ku nyalira.
Sajeroning nuturkeun galur lalakon Ratu Bungsu, kapuluk rupaning siloka. Nu patali kana urusan ékologi, upamana, kapanggih lebah papagahna Sunan Ambu di sawarga ka nu nuaran kai. Saurna: //“geuning manéh wani-wani maké jati kabuyutan/ … / jati téh masih ngora kénéh/ … /Lamun jati éta ditebang kabéh ku manéh/ka dituna moal aya jati”// Aya deuih nu tumali kana korupsi, sasalad matuh di nagara urang téa, dina gambaran kaayaan Margacinta sanggeus Sunan Ambu maparin dangdanan dua pangadeg ka nu karagungan lalakon: //“nagara geus rajit runting/ dangdanan leungit sadaya/ abongané beunang nguras/ teu aya pisan mapangat …”//
Keur kuring sakuringeun, macaan galur pantun téh pohara pentingna. Ti antarana mah pikeun diajar ngulik ungkara basa nu getihan, mulungan kekecapan ti rupaning wewengkon, lian ti miharti silib, sindir, siloka katut simbolna. Berekah, pikeun kaperluan sarupa kitu aya 31 kaca dina ieu buku nu dipaké nerangkeun “hartina kecap-kecap”, kaasup rupaning kecap ti wewengkon Kuningan.
Enya gé generasi kuring teu kaagéhan budaya pantun, tapi da ari pangaruhna mah enyaan karasa.**