“Acara ini bukti komitmen kita memajukan kebudayaan,” ceuk Mentri Kebudayaan RI dina acara nu dijejeran “Orasi Budaya Dr. H. Fadli Zon dan Peluncuran Aplikasi Gapura.org” di Gd. Perpustakaan Ajip Rosidi (28/4/2025).
Acara nu diayakeun ku Pusat Studi Sunda di Bandung ieu diayakeun pikeun ngaresmikeun aplikasi Gapura.org. Gala Pustaka Nusantara atawa nu disingget Gapura, mangrupa terobosan anyar pikeun ngarsipkeun buku, manuskrip, majalah, sarta arsip budaya séjénna nu aya di unggal daérah di Indonésia.
Acara nu digelar ti jam 14.30 WIB ieu dimimitian ku pintonan angklung ti siswa SMKN 2 Bandung nu mawakeun lagu Mojang Priangan jeung pop modéren Cikini ke Gondangdia. Rupaning mitra gawé kayaning Pustaka Jaya jeung Paguyuban Pasundan ngilu aub dina peresmian ensiklopedi nusantara ieu. Inohong Sunda saperti Etti R.S., Aam Amilia, Abdullah Mustappa, jeung Cecep Burdansyah ngilu hadir di tengah-tengah pamiarsa. Dosén jeung guru ogé katémbong loba nu ngaluuhan ti mimiti nepi ka ahir.
Dituluykeun ku runtuyan acara nu kadua, nya éta orasi ti Mentri Kebudayaan RI, Dr. H. Fadli Zon. Orasi nu dibawakeun ku Menbud ngabahas ngeunaan medalna ensiklopedi sastra nusantara, milangkala Konferensi Asia Afrika nu ka-70, sarta naskah prasasti Tarumanagara nu rencanana bakal didaptarkeun jadi kekayaan budaya. Fadli ngaku bakal ngarojong pisan kana pengarsipan-pengarsipan warisan kabudayaan nu aya di nusantara.
Runtuyan acara nu katilu nya éta pangbagéa ti Yayasan Pusat Studi Sunda (PSS) nu disuluran ku Prof. Dr. Ir. Ganjar Kurnia, DEA. Yayasan nu diadegkeun ti taun 2002 ieu kiwari jadi pelopor medalna média-média Sunda digital saperti Sundadigi, Sundalana, nepi ka Gapura.org. Dina pangbagéana, Ganjar nyebutkeun yén bakal ngutus dua urang ka Walanda pikeun ngumpulkeun data-data ngeunaan sastra Sunda nu teu kapanggih di Indonesia.
Ku diresmikeunana aplikasi Gapura.org dipiharep bisa jadi lawang keur ngariksa budaya nu aya di Indonésia sarta jadi inovasi kamekaran budaya keur kahareupna.
Kontributor: Érmawar Ligar
Éditor: É. P. Jatnika