Sequence Preloader Icon Three orange dots increasing in size from left to right

Wilujeng sumping!

Thursday 19th of June 2025 02:31:34 AM

Nasib Gaji Guru Honorer: Juknis BOSP Tahun 2025 (Permendikdasmen no 8 Tahun 2025)

Nyorang mangsa ka tukang. Kuring inget kénéh sababaraha taun nu geus kalarung nalika kungsi ilubiung dina ngokolakeun dana Bantuan Operasional Satuan Pendidikan (BOSP) di hiji sakola swasta. Hiji pangalaman nu pinuh ku halangan-harungan tur pangajaran nu moal dipopohokeun. Ayeuna, nalika maca juknis BOSP anyar tahun 2025 nu diatur dina Permendikdasmen No. 8 Tahun 2025, aya rasa nu ngagalura, ngahudang mangsa ka tukang kumaha rasana jadi bagéan tina roda penggerak pendidikan di tingkat akar rumput.

 

Mémori pangalaman nu kungsi karandapan éta téh ayeuna mah dibarung ku rasa panasaran kana arah jeung kawijakan anyar dina ngokolakeun BOSP nu beuki dinamis. Urang bedah babarengan sababaraha poin penting dina juknis BOSP 2025 sarta bébédana jeung taun-taun saacanna:

 

  1. BOS Kinerja teu diancokeun keur Sekolah Penggerak

Dina Permendikbudristek No. 63 Tahun 2022 jeung 2023, dana BOS Kinerja diancokeun keur sekolah penggerak nu némbongkeun kamekaran panghadéna. Tapi dina tahun 2025, éta téh kawijakan aya parobahan. BOSP kinerja ayeuna mah ukur diancokeun pikeun sakola anu miboga préstasi hadé, henteu nyebutkeun status sekolah penggerak deui. Ieu némbongkeun ayana tarékah nyampurnakeun arah kawijakan nu leuwih museurkeun kana hasil atawa output pendidikan tibatan status kelembagaana hungkul.

 

  1. Alokasi Wajib 10% keur mekarkeun pabukon

Inovasi kawijakan nu katingali nyongcolang nyaéta kawajiban sakola méré dana minimal 10% tina dana BOS pikeun kamekaran pabukon nu aya di sakola. Bisa dina wujud nambahan jumlah buku, alat nu ngarojong kana literasi, atawa sarana nu ngarojong kana lumangsungna pangajaran. Hartina, sakola kudu leuwih soson-soson nyieun pabukonna minangka puseur diajar nu aktip, teu ngan saukur jadi ruang keur nyimpen buku.

 

  1. Wates maksimal 20% pikeun pemeliharaan Sarpras

Béda jeung juknis saacanna nu teu medar sacara teleb, dina ieu tahun mah aya aturan anu jelas yén maksimal 20% tina dana BOS bisa dialokasikeun pikeun pemeliharaan sarana jeung prasarana. Ieu mangrupa tarékah pikeun ngatur balanja infrastruktur, sangkan teu ngaganggu prioritas utama, nyaéta pangajaran jeung mekarkeun kualitas SDM.

 

  1. Alokasi Gaji Guru Honorer anu turun

Ieu anu jadi poin paling nyentug kana ras-rasan, utamana pikeun guru-guru honorer. Lamun anu saméméhna sakola bisa ngagunakeun nepi ka 50 % dana BOS pikeun ngagaji guru honorer, ayeuna mah ngan saukur 20% keur sakola negeri jeung maksimal 40% keur sakola swasta. Kalawan syaratna:

  • Guru miboga NUPTK jeung aya dina daptar Dapodik
  • Teu narima tunjangan Profési, jeung
  • Lain ASN.

Sakola nu saacanna ngararancang 50% dana BOS keur gaji guru honorer kudu geura-geura ngarévisi anggaranna. Ieu téh tangtu mawa dampak anu gedé pikeun para pendidik non-ASN, jeung nyieun pertanyaan nu heubeul aya deui: Kumaha kahareupna nasib guru honorer?

 

  1. Parobahan Fokus Prioritas pembiayaan

Taun-taun saacanna, dana BOS diarahkeun pikeun ngarojong implementasi Kurikulum Merdeka, kaasup proyék penguatan profil pelajar Pancasila, digitalisasi, jeung perencanaan berbasis data. Tapi, dina juknis BOSP 2025 museurkeun kana hal anu anyar, nyaéta ngarojong:

  • Pangajaran anu nyuksruk jero (deep learning),
  • Ngamangpaatkeun AI,
  • Mekarkeun coding tur literasi digital di jenjang nu leuwih lanjut.

Ieu jadi tanda yén arah pendidikan urang mimiti asup ka wilayah transformasi digital nu leuwih serius, jeung BOSP jadi salasahiji instrumen utama pikeun ngawujudkeunana.

 

Réfléksi: Kawijakan pinanggih jeung kanyataan

 

Maca juknis BOSP 2025 henteu saukur maham kana aturan nu lumaku, tapi muka rohang keur réfléksi para praktikan di lapangan. Kuring inget kumaha baheula di sakola kudu pinter-pinter metakeun anggaran, nyumponan kabutuhan sakola, tur tetep ngajaga transparansi ogé akuntabilitas.

 

Ayeuna, sanajan henteu ngokolakeun sacara langsung, kuring ngarasa kageuingkeun pikeun maham jeung marengan arah kawijakan pendidikan téh tetep penting. Lantaran dina unggal bilangan nu kaunggel dina juknis lain saukur dana, tapi nasib guru, nasib siswa, tur kualitas pendidikan bangsa urang.

 

Rék dibawa ka mana nya…?

 

Parobahan dina juknis BOS 2025 némbongkeun dinamika pendidikan nu terus mekar. Sanajan aya halangan-harungan, ieu kawijakan gé muka peluang pikeun ngaronjatkeun kualitas pangajaran. Keur urang nu kungsi atawa masih kénéh aya di jerona, hayu urang jadi bagéan tina ieu parobahan – ku harepan, réfléksi, tur sumanget keur terus diajar, nepi ka henteu jadi murid deui sacara formal.

 

 

Ieu ésséy dipedalkeun mimiti dina Médium Média Guru ku Wahyudin, M.Pd, dialih basa ka basa Sunda ku Adjié Sugih Setyadi.