Biasana, mun urang ngadangukeun lagu, naon, sih, nu rék dirarasa ku urang téh? Mun téa keur sedih mah hayang nu nyelow méh cirambayan. Mun karak gajian hayang nu “ajig jogéd”. Tapi puguh, éta mah kumaha seléra séwang-séwang. Aya ogé jalma nu ngadangukeun lagu mélow téh mun keur bagja, nya pédah hayangeun mélow-mélowan wé. Tapi mun nu nyérénténg, kumaha? Apa kudu aambekan tuluy?
Henteu, sih. Contona, naha hardcore, underground, ramé di lingkungan Bandung? Aa-aa nu ngadanguna jogéd muter baringasan, naha lantaran ngadahar jelema? Henteu ogé.
Mun nilik éta kasus, karesep dina musik gé aya patalina jeung seléra, nu kabentuk dina kelas sosial masarakat. Jalma nu “yeuh, isuk dahar naon, nya?” jeung nu “yeuh, isuk dahar moal, nya?” kawasna mah béda selérana.
Najan teu pasti jeung teu tangtu, musik nyérénténg nu dimaksud téh mémang ngomongkeun “sesuatu”. Ari umumna urang nyahona éta musik téh siga nu keur munjung ka sétan, tapi da lain. Ngarusuh? Lain ogé, tapi éta lagu téh aya idéntitasna.
Urang cokot hardcore minangka conto. Malahan ayeuna mah aya nu ngaranna post-hardcore, nu éksékusi musikna rada béda jeung nu disebut saméméhna.
Musik ieu dimumulé ku jalma-jalma nu mutuskeun moal aya dina jero “sistem”, ngeritik naon nu salah jeung geus nyampak pabaliut, matakan eusi lirikna gé pinuh ku kritik kana dasar-dasar kemanusiaan urang. Durasina rata-rata sakeudeung, teu lila-lila teuing. Kitu ogé budaya hardcore di Bandung, musik nyérénténg téh kritik pikeun nu biasa kalem. Da hirup téh “dardérdor” atuh, maenya wé….
Anyar kénéh Unacceptable nerbitkeun démo. Di jerona aya tilu track, nyaéta “Monolog Anjing + Kapital”, “Bébaskan”, jeung “No Human is Illegal”. Tah, tina judulna waé geus katitén, komo deui mun nilik track nu kahiji. Nyaan éta monolog, ngomongkeun kumaha urang téh salila ieu dicangcang jadi anjingna kapital, jeung ieu band embung jadi kitu. Nya, matakna, jiga ceuk kuring tadi, nyérénténg.
Mun nilik track “Bébaskan” jeung “No Human is Illegal”, éta nu dimaksud nyérénténg téh. Témpona gancang, jeung ngeunaheun mun dibawakeun langsung di panggung.
Teu weléh penting, dina éta budaya musik téh euweuh hahalangna antara panggung jeung penonton. Salah sahiji alesanna mah pan menolak kemapanan téa. Menolak kemapanan téh lain perkara nu gampang, sakapeung mah matak ripuh. Ku kituna urang téh kudu nyérénténg sasakali mah, ulah dihampura waé.
Ditulis ku Rafqi Sadikin, sapopoé gawé di koléktif @culturecollar.