Sequence Preloader Icon Three orange dots increasing in size from left to right

Wilujeng sumping!

Saturday 19th of April 2025 02:46:50 PM

Matalikeun Diri ka Gaza

Kumaha carana urang matalikeun diri ka Gaza? Tempatna pohara jauhna, aya kana salapan rébu kilométerna ti Indonésia mah, kasapih ku laut nu lega pisan, ti Samudra Hindia ka Laut Arab. Teu pati lega deuih, ukur 365 kilométer persegi, kira satengahna ti Jakarta anu legana 661,5 kilométer persegi. Nya jauh nya leutik, mana komo keur nu teu kungsi nyaba ka lebah dinya. 

 

Teu pamohalan, keur karéréana jalma, ku lantaran sacara géografis sakitu anggangna téa, katunggara balaréa di Gaza ukur tongtonan atawa iber salalar dina rupaning média sosial. Enya gé dina ririweuhan nu kiwari lumangsung ti antara Israél jeung Hamas masarakat di satungkebing jagat ngedalkeun kaprihatinan ka korban perang, babakuna di pihak Paléstina, tapi can tangtu urang enya-enya kaduga ngalenyepan naon saenyana nu keur tumiba ka urang Gaza jeung naon baé saenyana nu salila ieu jadi panyileukanana. Tepi ka lebah mana urang kaduga milu ngalenyepan jeung nyanghareupan krisis kamanusaan? 

 

Ongkoh deuih ti pihak rézim Israél anu salila ieu nandasa rahayat sipil Paléstina, atawa ti lingkungan anu biluk ka dinya, salawasna aya usaha-usaha pikeun nyamurkeun rambat kamalé historis konflik di Gaza bari ngarugal-rigel alesan pikeun tingkah polahna nu sing sarwa telenges. Geus sidik yén serangan Israél ka Gaza anu ngaburak-barik sakola, rumah sakit, katut tempat ngungsi tepi ka puluhan rébu warga masarakat sipil palastra téh kajahatan perang jeung génosida (genocide). Tapi da Israél mah, kalawan disokong, dibiayaan, tur dibéla ku raksasa dunya pantar Amérika Serikat, sasatna norék bari terus ngarugal-rigel alesan pajar serangan Israél mah éstuning ditujukeun ka barisan militan Hamas nu cenah nyamur di satengahing masarakat sipil. Kituna téh bari jeung teu eureun-eureun ngalancarkeun seranganana.  

 

Génosida téh tindakan sistimatis maténi jalma réa. Korbanna rahayat balaréa, masarakat sipil, kayaning golongan étnis, golongan budaya, jeung sajabana. Teu gumantung kana jumlah korbanna tapi gumantung kana maksud tindakanana. Upama urang ngabandungan rupaning laporan tina hal katunggarana warga masarakat sipil di Gaza balukar tina serangan Israél téa, asa geus sawadina tindakan Israél téh disebut génosida.  

 

Orokaya, aya baé nu ngabélana. Dina acara talk show dina tipi di lembur urang gé geuning aya narasumber nu pohara bilukna ka Israél bari jeung embung ngadéngé sora nu lian. Kitu deui dina débat di lembur batur aya baé pihak nu ngahaminan Israél saperti ahli sajarah Benny Morris nu matak cangkeul ngabandungan arguménna tina perkara tindakan Israél. Kurang-kurangna mah matak poho kana masalah kamanusaanana, nyaéta katunggara masarakat sipil, babakuna ti pihak Paléstina. Hak-hak dasarna, malah mah hak nu pangdasarna pisan, nyaéta hak hirup, digunasika, diruksak, ditindes. 

 

Kumaha akalna sangkan urang teu nepi ka pareumeun obor? Kumaha akalnya sangkan urang kaduga matalikeun batin kana masalah kamanusaan di Gaza?

 

“Salasahiji léngkah nu pohara pentingna pikeun ngalawan nu matak bureng (obscuration) kawas kitu téh nya mikanyaho dipupusna kontéks. Rézim-rézim nu nindes teu weléh nyieun kesan yéh kontéks historis rahayat nu ditindes téh henteu rélevan jeung henteu écés. Tujuan utamana mah ngagambarkeun rahayat nu ditindes katut perjoanganana pikeun ngabéla hak-hakna téh teu asup akal jeung, nu leuwih parna, nimbulkeun kesan yén kaom nu ditindes téh ancaman pikeun jalma-jalma anu ngawangun hak istiméwa kalawan ngorbankeun batur. Nya kitu pisan dongéngna Gaza katut sakumna pangalaman urang Paléstina téh. Ku lantaran itu, pikeun miharti masalah Paléstina umumna, jeung kanyataan kontémporér Gaza hususna, kontéks historis téh penting pisan,” kitu antarana nu dipedar ku Jehad Abusalim saparakanca dina panganteur kompulan éséy Light in Gaza: Writings Born of Fire (2022)

 

Krisis di Gaza kiwari geus lumangsung ti bulan Oktober 2023. Harita, dina tanggal 7 Oktober, barisan militan Hamas nyerang Israél deukeut Galur Gaza. Cék pihak Israél, kira 1.200 urang tiwas, jeung kira 250 urang disandera. Israél males ku serangan artileri ka Gaza. Numutkeun pihak Paléstina, kira 33.000 urang warga Palestina tiwas. Nya ti harita Israél teu eureun-eureun ngabombardir Gaza tepi ka 87 persén warga Gaza kudu ngungsi bari jeung taya jaminan kana kasalametanana. Ceuk nu arapal kana sajarahna, krisis nu kiwari téh nu pangparnana dina sababaha dékadeu katompérnakeun. 

 

Puguh wé konflik Arab-Israél di Paléstina téh kajadianana lain kakara taun kamari. Ti taun 1940-an gé, malah mah di tahun 1920-an, geus lumangsung. Aya patalina jeung warisan kolonialisme Inggris. Sabada Kakaisaran Usmani (Ottoman) éléh dina Perang Dunya ka-1, wilayah Paléstina kiwari ragrag ka Inggris. Harita mah pangeusi éta wilayah téh réréana urang Arab sedengkeun urang Yahudi katut sababaraha golongan étnis lianna ukur minoritas. Kaayanana jadi riweuh sabada Inggris ngahaminan kana gagasan pikeun nyieun sabangsaning “panganjrekan nasional” keur urang Yahudi di tanah Paléstina. Jul-jol wé urang Yahudi ti ditu ti dieu, babakuna urang Yahudi ti Éropa nu nyingkahan Nazi. Antukna, urang Arab jeung urang Yahudi remen paturageng. Dina tahun 1947, ku perantaraan PBB, Paléstina sasatna dibagi dua jadi nagarana urang Arab jeung nagarana urang Yahudi kalwan Yérusalem jadi sabangsaning kota antarbangsa. Urang Yahudi puguh wé ngahaminan, sedengkeun urang Arab teu kungsi panuju kana rarancang kawas kitu. Ari Inggris dina taun 1948 terus léos baé indit ti dinya, jeung ti harita urang Israel ngarasa geus nyiptakeun Nagara Israél.  

   

Nu matak prihatin, ti harita tug nepi ka kiwari bangsa Arab-Paléstina enyaan kawas jati nu kasilih ku junti. Wilayahna diokupasi, kahirupan sapopoéna diblokadeu, ku Israél. Kitu antarana nu kaalaman ku urang Palestina di Galur Gaza. Éta pisan ti antarana anu ngalantarankeun krisis kamanusaan di Gaza hususna, di Paléstina umumna, salawasna nodél rasa kaadilan. Mana komo dina sajarah konflik salila ieu rahayat balaréa nu teu tuah teu dosa remen pisan jadi korbanna. 

 

Tina sawatara carpon warisan almarhum aktivis-jurnalis-sastrawan Ghassan Kanafani anu sifatna autobiografis, upamana, katunggara jalma leutik urang Paléstina téh éstuning kagambarkeun. Geura baca deui salah sahiji carponna anu ngadongéngkeun budak awéwé, alona nu ngarang, nu sukuna kudu diamputasi alatan bom Israél. Éstu matak sedih macana. Bahan bacaan lianna, kaasup nu tadi geus disabit-sabit di luhur, bisa mantuan urang pikeun matalikeun batin kana katunggara urang Paléstina. 

 

Lian ti tarékah anu sipatna émpatik kawas kitu, kaitung réa nu bisa dipigawé ku urang dina enggoning milu aub kata ihtiar sajagat pikeun nyanghareupan krisis kamanusaan di Gaza. Ku sacarana-sacarana, ku kasanggupan séwang-séwangan. Ponsél nu unggal waktu ku urang digulang-gapér dikecemel taya eureunna matak naon mun dipaké milu nyoarakeun protés ka Israél-Amérika Serikat, susuganan daék ngeureunan katelengesan di Timur Tengah. Na dunya kawas kumaha nyah nu rék diwangun ku jalan terus-terusan maténi jalma réa téh? Sugan édan!

 

Atuh ka lingkungan deukeut, ka pamaréntah Indonésia, urang gé bisa milu ngadongsok sangkan leuwih parigel dina metakeun tarékah dina widang géopolitik. Paling copélna terus ngélingan sangkan teu mopohokeun amanat konstitusi, nyaéta ngawujudkeun tur miara “kemerdékaan, perdamaian abadi, dan keadilan sosial”. Piraku ukur jargon!   

 

Tangtu, réa nu bisa dipigawé pikeun ngaréalisasikeun simpati urang ka urang Gaza hususna, ka korban katelengesan umumna.** (hs) 

 

 

Gambar: Scenes from Gaza Crisis 2014. ©Shareef Sarhan