Sequence Preloader Icon Three orange dots increasing in size from left to right

Wilujeng sumping!

Saturday 19th of April 2025 02:31:46 PM

KTP

Asa karék kamari nyieun kartu tanda penduduk (KTP) munggaran téh. Beunang ngruskeun Ua Aténg, kapilanceukna pun biang nu gawé di kantor désa. Semet dipénta ngeusian formulir jeung nyetorkeun poto. Teu bisa ungkag-ingkig nguruskeun, duméh harita cicing di kobong. Teu lila, dua mingguan bérérsna. Demi kuring nyieun KTP téh pédah baé cék babaturan, mun geus boga KTP mah babari keur uras-urus nanaon. Sabab di urang, nguruskeun nanaon téh teu sirikna kudu aya KTP: nyieun SIM, daftar kawin ka kantor urusan agama (KUA), muka tabungan, tatamba ka puskésmas, nepi ka urusan ka pagadén … butuh KTP. Da mun uras-urus nu karitu tanpa KTP téh sok tara cingcay pajarkeun. 

 

Jadwal balik ka imah, mapaykeun ka pun biang mana KTP téa. Sabot nampa, meni teu sirikna diilikan, katara aya katerangan nomer induk kependudukan, alamat matuh kuring, lembur kuring, nomber saanu, kacamatan anu, jst. Rék dilaminating baé tuluyna. Jorojoy rasa semu bungah, teu pati bisa ngajéntrékeunana mah, ngan karasa baé saprak boga KTP téh asa geus lain bolon, ongkoh deuih maké aya rasa diaku, diaku jadi warga lembur, jadi warga nagara Indonésia leuwihna mah. Meureun kawas kieu salah sahiji modél “inisiasi” tina bahasan van Peurseun di alam kiwari. 

 

Ngalaman rada rudet soténan, basa usum KTP biasa diganti jadi É-KTP, sangkan leuwih gampang, data geus kakomputerisasi. Kasus kuring, aya salah dina nuliskeun ngaran, encan deuih kaayaan kartuna anu teu payaan najan geus dilaminating, kudu baé aya laas jeung lédéhna. Ka béh dieu, apan nguruskeun nanaon mimiti ngaliwatan sistem digital, sok rada bangga lebah “vérivikasi data diri”, mun daptar aplikasi atawa naon ku hanteu nu mibutuh ngeusian data pribadi. Sabab aya salah dina nuliskeun ngaran, sok rajeun kuring ditampik ku sistem magar “data diri tidak sesuai”. Kudu diuruskeun ka kantorna langsung atawa ka dukcapil. Atuh kudu ngingkig deui baé. Kakara kitu gé kuring mah geus ngabarungsinang. 

 

Basa uleng nunggu antréan di kantor kacamatan menerkeun KTP téa, ras kuring inget carita pun biang. Cék cenah, baheula jaman pun nini, aya sawatara urang lembur anu teu bogaeun KTP, atawa boga mah boga, ngan KTP-na dicirian. Perkara pulitik nu jadi marga-lantaran. Anu ngarandapanana téh nu kabaud atawa katuduh aya patalina jeung Partai Komunis Indonesia (PKI), teu garaduheun KTP atawa KTP-na dicirian. Duka leres henteuna mah. Ngan, kabayang mun enyaan, ieu nu teu meunang boga KTP, singsarwa hésé bakalna téh. Meureun siga nu diapilainkeun. Bakal ngarasa teu diaku tayohna mah.

 

KTP méh baé jadi panto munggaran nga-idéntifikasi diri. Dina kartu leutik éta, sahenteuna katuliskeun salalar ngeunaan urang. “Tapi kumaha nasibna nu boga KTP ngan teu boga lembur?” Jol ngelemeng aya pananya kitu. Aya kitu? Sakuringeun mah, aya. Teu bogana téh meureun bisa ku rupa-rupa perkara. Umpamana, lantaran jadi tapol siga kajadian anu dicaririan téa KTP-na. Aya nu kadungsang-dungsang dibuang ka Buru, ka Nusakambangan, jeung ka mana boa. Nu keur di luar negri, aya nu teu bisa balik deui ka dieu. Aya deui alesanana ku lantaran lemburna dipaok jalma nu umaku miboga hak lemahna, nyababkeun sapangeusi lembur katundung, dipaksa ingkah. Kawas nu kajadian di Tamansari jeung Dago Elos.

 

Ras inget kungsi maca hiji sajak nu judulna “KTP”. Yasana Mahmoud Darwish, sastrawan kahot urang Paléstina. Darwis téh ti antara sakitu réana urang Paléstina nu ditundung ti lemburna sorangan. Ari judul asli sajakna mah Biṭōqoh Huwiyah (Kartu Idéntitas). Lobana 6 pada, anu séwang-séwangna aya 6 nepi 14 padalisan dina sapadana. Saliwat mah, tangtu Ki Panyajak téh lain dapon rék nyaritakeun sajalantrahna wangun KTP, tapi kawas nu méré isarah ka sing saha baé nu maca, rék nuduhkeun idéntitasna nu saéstu, yén manéhna téh saurang warga nagara nu resmi ti hiji nagri. Cék Ki Panyajak:

 

Sajjil/Anā ‘Arobīy / Wa raqmu biṭōqatī khamsūna alf / Wa aṭfālī śamāniyah / Wa tāsi’uhum saya’tī ba’da şaif / Fa hal tagḍab? (Catetkeun! / Kuring urang Arab pituin / jeung KTP kuring nomerna 50.000 / Kuring boga anak dalapan / Nu kasalapan baris datang sabada usum halodo / naha manéh ambek?) (Awraāq az-Zaitūn, 1964: 47).

 

Geus teu bireuk deui, Darwihs mah katelahna ikon sastrawan perlawanan (al-Muqāwamah) Paléstina. Darwish lahir ping 13 Maret 1941 di lembur Birwa, Galilee, nu jarakna 10,5 km wétaneun dayeuh Akka (Arce, kiwari asup wilayah nu dijajah Israél), dina lingkungan kulawarga buruh tani. Basa uru-ara Nakba Juni 1948 (dina basa Arab, nakbah hartina bencana), lemburna kaasup anu diancurkeun ku Israél. Kapaksa saréréa kudu ngungsi ka Libanon. Tapi sataun sabadana, Darwish jeung kulawargana “nyusupkeun manéh” deui ka Akka, kaayaan lemburna téh geus ancur. Alatan balik deuina susulumputan, tur elat miluan sénsus penduduk, kulawarga Darwish jadi dianggep warga nagara ilégal, digolongkeun jadi kelompok “present absentees”, nyaéta pangungsi nu katalangsara di lemburna sorangan. 

 

Satuluyna Darwish jeung kulawargana cicing di Deir al-Asad di daerah Akka, méh pisan deukeut ti ruruntuk patilasan Birwa. Tuluyna deui pindah ka Haifa, hiji dayeuh palabuan, kaitungna dayeuh katilu panggedéna di wilayah jajahan Israél. Di dinya cicing salila 10 taunan. Tuluyna ka luar ti Israél taun 1970 pikeun nuluykeun sakolana ka Moskow. Taun 1973, Darwish sah jadi éksil alatan milu aub jeung Munaẓẓamah at-Taḥrir al-Filasṭīniyyah/The Palestine Liberation Organization (PLO). Ti harita pisan inyana teu meunang asup deui ka lemah caina, anu geus aya dina cangkingan Israél. Satuluyna mah réa pisan sajak-sajak tur prosa lirisna Darwish anu nyoarakeun kapeurihna urang Paléstina nu dikakaya ku Pamaréntah Israél (sok sanajan nu henteu gé réa).

 

KTP-na Darsiwh

Dina Biṭōqoh Huwiyah, Darwish méré tamsil yén hak urang Paléstina ka lemah caina, geus ti baheula mula. Cenah, “Sajjil / Anā ‘Arobīy / Anā ismun bilā laqobi / Șobūrun fī bilādin kullu mā fīhā / Jażūrī / Qabla mīlādi azzamāni rosat / wa Qabla taftaḥul ḥukubu / wa Qabla sarrū wazzaitūn / wa qabla taro’ro’I ‘usybi (Catetkeun! / Kuring urang Arab pituin / Kuring ngaran tanpa landihan / sabar kana karudet nagara sapuratina / karuhun kuring / geus aya méméh gumelarna jaman / méméh mukana mangsa / méméh aya pines jeung zaitun / jeung méméh tumuwuhna jujukutan).”

 

Katitén Ki Panyajak maké hiperbola pikeun ngamisilkeun pancakakina,  karuhunna  geus nyicingan lemah caina, maké kalimah “méméh jaman gumelar”, “méméh mukana mangsa”, tur “méméh tatangkalan jeung jujukutan tumuwuh.” Banget hayang nuduhkeun yén idéntitasna salaku urang Arab, geus ngakar jero, jauh ti saméméh Israél ngajajah Paléstina.

 

Mahmoud Darwish nyebutkeun sababaraha kali ku kalimah “Sajjil, Anā ‘Arobīy” (Catetkeun! Kuring téh urang Arab pituin), dina tiap ngamimitian pada Biṭōqoh Huwiyah-na. Mun nilik kana kasang tukang Darwish, hiji sastrawan terah Paléstin, tangtuna nu dimaksudkeun ku inyana “urang Arab” di dieu téh tegesna mah warga nagara Paléstina. Ki Panyajak kawas hayang nu maca surti, yén inyana téh reueus jadi warga Paléstina. Pada satuluyna, Ki Panyajak ngagambarkeun henang-heningna urang Paléstin nu hirup basajan, miboga gawé nu basajan, ngolah batu (di pertambangan), atawa ngolah ladang, ngaliwatan kalimah “Kuring sabatur-batur balang siar di pertambangan / miboga budak dalapan / nu dirisikoan ku sapotong roti / baju-baju jeung buku-buku / tina bati nyiar batu,” jeung dina, “Bapa kuring kaom buruh tani / lain terahing ménak / Pun aki tani ti baheula mula / lain terahing kusumah, lain turunan aya / ka kuring ngawuruk sual hébatna panonpoé, méméh ngawuruk maca buku.”

 

Laju ngagambarkeun kumaha kaayaan sing sarwa robah sabadana Israél ngajajah, “Alamat kuring / kuring pituin lembur nu geus misah jeung dipopohokeun / jalan-jalanna teu miboga ngaran.” Deuih saterusna, “… Manéh geus ngarebut kamulyaan talari karuhun kuring / jeung lahan-lahan nu geus dipelakan ku kuring / kuring jeung sakabéh anak-anak kuring / nyamos teu nyésa nanaon jang kuring katut turunan kuring / kajaba ieu ruruntuk batu / Naha rék dibawa ogé?” Ki Panyajak namplokkeun rasa kuciwa ka nu ngajajah nagarana, nu harak, hawek, teu nyésakeun nanaon anging kasangsaraan.

 

Kalah kumaha digunasika tur ditandasa, tatapi kalayan teuneung nandeskeun, “Catetkeun dina judul headline / kuring teu miceuceub ka jalma-jalama / tapi sabot lapar narajang / kuring bakal ngahakan daging ti nu ngarampog kuring / Awas baé, sabot kuring kalaparan / jeung kaambek kuring.”  Lir némbongkeun sihung, panyajak mungkas sajakna ku pangancem minangka mudalkeun kaambekna. Lir ngélingan, saleutik-leutikna sireum, aya mangsa nyentétna. Tétéla ieu sajak téh mangrupakeun tarékah ti hiji jalma anu tigin merjuangkeun hakna, lemah caina, ciri sadirina, idéntitasna. Lah tada teuing jauh mula-meluna jeung perkara kuring nguruskeun salah ngaran dina KTP.

 

Sajajalaneun balik ti kantor kacamatan, pikiran kuring masih ngulayaban. Mun ninggang ka kuring, naha bisa bajoang bébéakan kawas kitu? Kalah natrat baé galindeng kasauran Mahmoud Darwish basa biantara nampa pangajén Prince Claus Awards (2004), “ … Hiji jalma temen ngan wungkul ngalaman gumelar sakali di hiji patempatan; tapi inyana bisa mangkali-kali paéh di patempatan anu lian: di pangungsian jeung di pangbérokan, atawa di lemah caina sorangan anu geus obah ku pangjajahan jeung panindesan, sahingga lemah caina salin rupa jadi hal nu pikangerieun …..”

 

Naha aya kamungkinan lembur kuring direbut batur tuluy kuring sakulawarga ditundung? Ngalaman kadungsang-dungsang, katalangsara, ngungsi di lembur sorangan? Ngarandapan kalaparan parna, disiksa, dirogahala? Ngarandeg sakedapan, tuluyna ngucap istigfar keur neger-neger manéh. Semet bisa nitipkeun haréwos pangdunga, “Āhu … Filasṭīn, yasmat-turōbi … wa yasmas-samāi … Satantaşirīn! **

 

 

Gambar: Mahmoud Darwish. Sumber: Invictapalestina.org