Sequence Preloader Icon Three orange dots increasing in size from left to right

Wilujeng sumping!

Thursday 19th of June 2025 06:25:37 AM

Gerakan Solidaritas Mahasiswa Global keur Palestina

Gerakan perkémahan solidaritas pikeun Gaza geus sumebar ka sakuliah dunya. Ti mimiti New York, London, Melbourne, Kairo, Amsterdam nepikeun ka Istanbul. Rébuan mahasiswa ngadegkeun ténda sarta nyieun aksi protés, nyorakeun pamadeganana nu nolak ayana génosida nu dilakukeun Israel di Gaza.

 

Protés-protés nu ditujukeun ka Israél téh kadéngé atra. Di gigireun ténda pangungsian jeung spanduk nu aya di tengah-tengah zona perang, barudak leutik di Gaza ngungkarakeun rasa bungahna ku cara nuliskeun kecap “hatur nuhun” ka para mahasiswa di gerakan perkémahan éta. Dina tujuh bulan nu kalarung, ceuk barudak Gaza, karék ayeuna maranéhna boga saeutik harepan. 

 

Perkémahan solidaritas geus aya sakurang-kurangna di 140 kampus di Amérika, jeung leuwih ti 80 di kampus sakuliah dunya. Ieu perkémahan aya di unggal benua, iwal di Antartika – najan saenyana para élmuan di ditu ayeuna-ayeuna geus mimiti ngibarkeun bandéra Paléstina bari némbongkeun plakat nu tulisanana “danaan élmu pangaweruh, lain génosida”, “gencatan senjata”, jeung “buruh Antartika pikeun Gaza”. 

 

Ieu gerakan mangrupa éskalasi ti aktivisme solidaritas pikeun Palestina nu geus lumangsung ti Oktober mula. Ieu hal balukar tina rasa katalampik nu mekar di belahan kulon jeung liana di sakuliah dunya alatan Israel nu kawas dibéré kabébasan pikeun ngancurkeun Jalur Gaza jeung maéhan leuwih ti 35.000 warga Palestina. Mahasiswa di Denmark nuliskeun hiji cutatan di media sosial “Urang teu bisa deui sugema ku dialog nu teu ngarah ka ayana lajuning laku anu nyata.” 

 

Hubungan antara Universitas Columbia, tempat mimiti ieu gerakan, jeung universitas séjénna babari pisan pikeun dicindekkeun. Hampir sakabéh universitas miboga hubungan dina widang panalungtikan jeung keuangan ka perusahaan-perusahaan senjata – pabrik-pabrik nu nyababkeun maotna loba jalma di Gaza. Éta perusahaan nu nyadiakeun Israél bom, drone, jeung senjata liana nu ayeuna keur ngabombardir Gaza. Protés ka universitas téh mangrupa salah sahiji cara nu bisa dilakukeun pikeun ngeureunkeun mesin perang Israel. 

 

Protés mahasiswa di Amérika Serikat, Inggris, jeung Australia geus loba nu diémbarkeun media sababaraha minggu ka tukang. Ieu gerakan téh henteu ngan aya di lebah kulon, tapi sumebar ogé ka sakabéh daratan Arab. Mahasiswa di American University in Cairo, Mesir, geus nyieun protés nu sarua dina sababaraha minggu katukang, nyorakeun ka pihak pamaréntah pikeun megatkeun hubunganana jeung perusahaan-perusahaan nu dianggap mantuan Israel. Di Yordania, mahasiswa nyorakeun slogan-slogan nu ngalawan réprési ka pihak demonstran di Columbia, bari niténan hubungan lembaga-lembaga negara Yordania jeung apartheid Israel. Pamaréntah Yordania geus néwak sababaraha démonstran dina waktu tujuh bulan ka tukang, jeung sababaraha kampus geus nibankeun skors nepikeun ka ngaluarkeun mahasiswa nu kalibet dina aktivisme pro-Palestina. 

 

Gerakan perkémahan global ngabalukarkeunn mahasiswa kalibet konflik jeung lembaga lembaga nu ngarojong Israel sarta ngancurkeun komitmen rétorika universitas nu patali jeung kabébasan pikeun nyorakan hakna. Maranéhna disampakkeun jeung kekerasan fisik, lédékan  sarta skorsing ti kampus. 

 

Polisi geus néwak leuwih ti 2.800 mahasiswa di leuwih ti 60 kampus di AS. Di Amsterdam, polisi ngancurkeun perkémahan mahasiswa maké ékskavator. Barisan hareup mahasiswa nu hayang tetep mertahankeun perkémahan di Free University of Berlin didobrak polisi ku cara nyemprotkeun semprotan pedes. 

 

Tuduhan anti-Semitisme ditujukeun ka gerakan mahasiswa ku organisasi-organisasi Zionis, pingpinan universitas, media, jeung polisi. Di University College London, opat démonstran ditéwak maké Undang-Undang Térorisme, dituduh migawe “kajahatan” ngan lantaran mawa spanduk nu gambarna manuk japati nu keur nyekelan saranggeuy konci. Di Australia, Perdana Menteri Anthony Albanese nyebut slogan solidaritas Palestina “Ti walungan nepi ka sagara (From the river to thesea)” minangka hiji pernyataan nu miboga unsur kekerasan. Senat Berlin gé keur nimbang-nimbang pikeun nyieun undang-undang nu mere wewenang universitas pikeun ngaluarkeun mahasiswa alatan alesan politis. 

 

Tarékah-tarékah nu dilakukeun éta gagal mareuman sumanget gerakan nu dilakukeun. Para démonstran teu ngan saukur miboga sababaraha tuntutan, tapi ogé tékad jeung kawani. Saperti nu diucapkeun ku salah sahiji mahasiswa Universitas Columbia ka Fox News, “Komitmen nu dilakukeun ka Gaza leuwih penting tibatan kasalametan diri urang, karir akademis, jeung gaji, ieu mangrupa kawajiban dasar nu kudu ku urang boga.” 

 

Rcprési malah bisa ngabalukarkeun ayana gelombang perlawanan anyar. Nalika perkémahan diancurkeun polisi, para mahasiswa jeung pangrojongna malah terus bajoang. Barudak sekolah menenang atas (SMA) ogé ngilu anclub ka perkémahan di tempat-tempat jiga di Massachusetts Institute of Technology di Boston. Di Sciences Po, Paris, para aktivis nyicingan sawaréh bagéan kampus jeung ngahalangan sababaraha aksés asup, nepikeun ka diserang ku polisi, tapi maranéhna pantrang mundur, ngadon baris ngaleut ka puseur dayeuh jeung mahasiswa ti Sorbonne. Rébuan jalma migawe hal nu sarua di Amsterdam sanggeus tilu perkémahan diserang. Daftar kampus nu kalibet tuluy nambahan.

 

Para aktivis matalikeun perlawanan maranéhna jeung gelombang perlawanan generasi mahasiswa saacanna. Para démonstran di Columbia geus numuwuhkeun deui ingetan ka taun 1968 – nalika pendudukan kampus éta jadi katalisator pikeun gerakan mahasiswa global ngalawan Perang Vietnam – ku cara  némbongkeun simbol-simbol nu mirip ogé nyimpen foto maranéhna pagigir-gigir jeung foto-foto mangsa baheula. Skala gerakan mahasiswa nu sumebar ka sakabéh dunya dina taun 1968 gedé pisan, leuwih gedé batan ayeuna. Namung gerakan perkémahan kiwari ngabuktikeun yén nalika sababaraha mahasiswa mingpin perlawanan ngalawan status quo, maranéhna bisa jadi inspirasi pikeun rébuan jalma di sakuliah dunya keur ngalakukeun hal nu sarua.**

 

 

Ti “The global Palestine solidarity student movement” nu dimuat di Red Flag, 13 Mei 2024. Ditarjemahkan ka basa Sunda ku Adjie Sugih. 

Gambar: Pelajar SMA ngahalangan jalan, pikeun ngajaga gerakan perkémahan solidaritas pikeun Gaza di MIT ti réprési polisi. Sumber: Peoplesdispatch.org