Sequence Preloader Icon Three orange dots increasing in size from left to right

Wilujeng sumping!

Saturday 19th of April 2025 02:51:30 PM

Béwara Pinunjul Hadiah Sastra Rancagé 2025

Béwara pinunjul Hadiah Sastra Rancagé taun 2025 dibéwarakeun di Perpustakaan Ajip. Ieu hadiah sastra dialpukahan ku Yayasan Kebudayaan Rancagé. Taun ayeuna aya lima basa daérah anu geus nyumponan kritéria pikeun jadi bahan paniléyan para juri. Lima basa ieu nyaéta aya ti Basa Sunda, Basa Jawa, Basa Bali, Basa Lampung, jeung Basa Batak.

 

Salian ti béwara pinunjul, aya ogé pintonan musikalisasi sajak-sajak karya Ajip Rosidi jeung sawala ngeunaan kritik sastra Ajip Rosidi anu dijejeran ku Cécép Burdansyah. Dina prakna ieu sawala teu wungkul ngabahas ngeunaan kritik sastra Ajip Rosidi tapi ngabahas ogé ngeunaan basa daérah ka hareupna, karya-karya sastra jaman kiwari, jeung sawangan Ajip Rosidi kana masalah sosial.