Moal aya alam kiwari mun taya alam bihari. Matak Bung Karno nétélakeun Jasmerah “Jangan Sekali-kali Melupakan Sejarah”. Catetan sajarah téh jadi hal penting minangka eunteung kahareupna. Boh jadi eunteung nu hadé, boh eunteung nu rumeuk.
Sakumaha nu ku urang saréréa apal, yén sabada kamerdékaan téh Indonésia henteu langsung gemah ripah loh jinawi. Remen aya kajadian baruntak ti sababaraha daérah alatan hal-hal nu teu nyugemakeun. Faktor utamana nyaéta pamaréntah, nu émang jaman harita mah can bisa walatra ka ungga wewengkon di Indonesia.
Di tatar Sunda sorangan réa kacaritakeun ngeunaan baruntakna masarakat. Utamana dina taun 65-67an mah, mangsa sababaraha pihak hayang Présidén Soekarno diturunkeun. Hal-hal nu aya patalina jeung Soekarno asa jadi sénsitif harita mah. Komo lamun kacaturkeun aya nu kalibet kana partéy kuminis mah, tangtu geus jadi bahan budalna amarah masarakat.
Hal eta pisan nu karandapan ku Jang Ucin, lalakon utama dina novél Mandédurma yasana Tatang Sumarsono, pedalan Silantang. Budak nu keur meujeuhna réa kapanasaran, utamana ngeunaan hal nu patali jeung jujutan sajarah jaman révolusi harita.
Ieu carita kawilang hampang tur babari katuturkeun, lantaran nu boga lalakonna budak SMP. Nu jadi puseur utama dina ieu carita téh ngeunaan kaharénghéng harita ngeunaan gerakan kuminis. Matak kasang tukangna gé Jang Ucin téh turunan ti salasahiji tokoh révolusi jaman harita.
Kangaranan budak SMP, meujeuhna keur hayang sagala apal matak réa hal nu ditanyakeun ka Akina. Réa nu didongéngkeun ku Akina, ti mimiti jaman dieréh ku Walanda, jaman révolusi, nepi ka kajadian di Lubang Buaya. Henteu nyalahan mun judul ieu novél téh “dongéng Aki nu can tutug”, da émang mun si Aki ngadongéng téh sok tara diparatkeun.
Sakabéh pasualan mimitina datang ti bibina; enya anak aki jeung ninina anu mimilu kana dunya pulitik. Teu apal kumaha balukar engkéna da kaburu dibibita ku jabatan téa, atuh léah wé jadi ngiluan. Nu matak ari rék ngaléngkah téh kudu sing asak jeujeuhan, ulah ngan saukur tuturut munding wungkul.
Ari kalibetna téh kana hal nu pakait jeung kuminis. Atuh harita téa mah kuminis téh diarah pisan ku masarakat. Pangna kitu téh alatan kajadian G30S/PKI tur kakuatan Soeharto nu rék numpes anték-anték Soekarno. Komo deui masarakat harita geus aral ku rézim Soekarno sabab kabutuhan sapopoé téh jadi mahal jeung hésé.
Kalibetna Si bibi kana pulitik téh jadi ngondang mamala keur kulawarga, nu katempuhanana Aki. Enya da asa katempuhan buntut maung, ujug-ujug asup kana daptar jelema anu kalibet kana kuminis. Hal éta téh nepi dibawa ka kacamatan.
Da asa patukang tonggong jeung kieuna mun enya aki jang Ucin kalibet kuminis mah. Sabab ari aki mah jalma nu asak jeujeuhan. Kajaba aki téh nu mingpin paguron silat Mandédurma nu geus loba muridna. Kungsi éta gé murid-murid aki rék turun basa dununganana dituduh milu kuminis, tapi aki teu panuju kana ketak éta téh.
Émang harita mah kuminis téh sakitu dipikaceuceubna ku masarakat. Teu kaop aya nu kalibet, jadi ibur salelembur éar sanagara. Ah lain ku masarakat wungkul, dalah ku pamaréntah gé jol-jol langsung ditaréwakan.
Pamaréntah harita boga daptar ngaran-ngaran nu kalibet dina kuminis. Tuluy ku pihak-pihak nu wenang, éta ngaran téh dibarawaan ka kantor militer daérahna masing-masing. Sanggeus di kantor mah jalma-jalma éta laju ditalék, nepi ka diputuskeun naha émang manéhna enya kalibet kuminis atawa henteu.
Dina bab 8 jeung 10 bisa jadi gambaran kumaha masarakat sakitu geuleuhna ka jalma nu kalibet dina kuminis. Komo lamun ti pamaréntah geus ngabéwarakeun saha waé nu aya pakaitna jeung kuminis. Sing saha jalma kalibet kuminis pasti dijugjugan ka imahna. Rék cacah rék ménak gé teu pilih-pilih. Teu ngan saukur dijugjug hungkul, kadang mah sok nepikeun ka diacak-acak pangeusi imahna gé.
Lebah ngadongéngkeun sajarah ieu bangsa téh Kang Tatang Sumarsono tapis pisan. Matak babari kaharti tur nu maca gé asa didongéngkeun wéh. Bisa jadi kitu nu dirasakeun ku pangarang mangsa jumeneng kénéh tuang éyangna. Sabab ieu carita téh minangka kasono ti incu ka aki nu geus taya dikieuna.
Nu matak pikatajieun dina ieu carita téh, nyaéta bagéan pamungkasan atawa ending. Atuh teu matak kataji kumaha, klimaks tur ending carita téh teu gembleng dicaritakeun ku pangarang, malah dibalikeun deui kumaha tapsiran nu macana. Apan kuring gé kungsi ngaregepkeun ceuk dosén sénior sastra téh, carita nu alus mah carita anu ending-na dibalikeun deui ka anu macana. Nu matak saupama rék napsirkeun kumaha pamustunganana ieu carita, kudu disusun heula konflik-konflik nu kaalaman tur dirasakeun ku tokoh saméméhna.
Basa nu digunakeun Kang Tatang téh teu matak hésé-hésé teuing keur dipikaharti ku nu maca, da mawakeun lalakon utamana budak SMP téa. Lian ti éta, réa inpormasi nu bisa dimeunangkeun hususna mah palebah sajarah bangsa urang sorangan. Nu matak bisa waé ieu buku téh jadi bacaeun keur barudak SMP/SMA jaman ayeuna.
Diajar sajarah téh ulah ngan saukur maca buku tiori waé, apanan ngaliwatan sastra gé bisa. Katurug-turug keur urang Sunda mah bari maca ieu novél téh bisa keur diajar sajarah, bisa ogé keur diajar basa Sunda sangkan leuwih parigel. Atuh peupeujeuh ti Bung Karno téh bisa enya prakna, tur basa jeung sastra Sunda bisa kasimbeuhan wawangina.
Ditulis ku Adjié Sugih Setyadi, Mahasiswa aktip prodi pendidikan bahasa Sunda seméster 6. Gumelar ping 24 Juni 2004 di Bandung. Kungsi ilubiung di Hima Pensatrada Périodeu 2024-2025 salaku Pupuhu Turus jeung Pupuhu Calagara Mitra Sunda 2024.