SARÉ téh peuting pisan. Sababna mah duméh kuring keur pohara kataji ku saurang pangarang ti Tiongkok, ngaranna Sun Tzu (hirupna ratusan taun méméh Maséhi), antukna kacapé leungit, perhatian téh museur baé ka manéhna. (Tapi keun, ieu mah anggep baé interméso, lain jejer utama tina naon nu baris ditulis ku kuring). Sun Tzu nuliskeun, saenyana perang téh taya lian ukur muslihat. Jeung saéstuna meunang tina pangperangan, matak nyieun musuh peunggas pangharepan. Inyana nuliskeun, yén perang téh lir sora jelegérna Ki Gelapnyawang nu mupul bayu kahuripan tengah poé éréng-éréngan. Kejutan! Inyana nuliskeun, perang téh lir lambak caah nu ngaburak-barik angen-angen. Inyana nulis ….
Tapi sakabéhna éta taya nu penting.
Saré téh peuting pisan, kalah kapireng sora telepon ngirining wanci janari. Maksakeun hudang, leumpang gé semu ngalayang, tuluy gap kana telepon. Sedeng si sora dina tungtung telepon mah bangun seger pisan, cénghar, taya tanda pitunduheun, méh-méhan gumbira kebek ku kareueus. Siga nu teu ngarasa salah, nelepon teu nyaho di wayah. Bari rada ngalindur, pok kuring ngomong ka sorangan: ieu jelema meni tanginas. Kawasna mah peutingna teu kaganggu ku nanaon. Malem harita téh mémang keur meujeuhna hujan dordar gelap jeung angin meni gegelebugan. Naha Anjeun apal, naon anu dipilampah ku kaom Adam—dina ieu wanci—saban lalaki nu ngabaris dina petengna subuh, ngarah kahurmatan ajeg keur urang, bari teu kudu keuna ku geugeuleuh siga leutak? Hujan sapeupeuting, jelema ieu, di tungtung ieu kabel telepon ….
Tapi sakabéhna éta, deuih, taya nu penting.
Pok manéhna nyarita, “Aya ideu euy, kuring sabatur-batur rék meuli cocoan keur barudak, tuluy rék dipakétkeun baé ka para pangungsi nu aya di Yordania, ka kamp-kamp-na. Pan manéh gé apal, ieu téh poéan pakanci (Natal).”
Sedeng kaayaan kuring apan satengah sadar. Ka kamp-kamp pangungsian? Tapak kokotor dina tarang urang saban isuk-isuk nu pikaboseneun. Rupa-rupa tatu jeung bohak dina waruga jeung haté, lir bandéra bodas tandaning éléh perang, ngélébét diulinkeun angin saluhureun dataran nu pinuh leutak, kekebul, jeung rasa karunya. Dina poé éta, meneran pisan kuring geus ngajar di salah sahiji kamp pangungsian di dinya. Murid nu kaajar téh salah sahijina Darwish, budak leutik kénéh, sok ngajualan kuéh saban balik sakola. Sempet harita mah ku kuring budak téh diudag, dituturkeun bari sasalimpetan antara ténda, leutak, lambaran timah, jeung cileuncang, maksudna mah rék diajakan ka kelas peuting. Rambutna galing, jeung sering katara baseuh. Kayungyun ku pinter budak téh, panghadéna mun nulis karangan kréatif-tématik di kelasna. Mun kabeneran dina poé éta manéhna manggih kadaharan, wah geus wé kajeniusanana téh moal aya wates wangenna! Kamp téh kacida gedéna, sok disarebut ….
Tapi sakabéhna éta, deui-deui, taya nu penting.
Lalaki di tungtung telepon pok deui ka kuring, “Alus ideuna, nya? Bantuan euy! Kuring sabatur-batur hayang sangkan ieu kampanyeu téh sumebar di média massa, ah manéh gé apal lah!” Sanajan kaayaan téh satengah saré, aya adegan nu ngelemeng dina uteuk kuring, “Tuan Anu urang Anu, parantos nyéépkeun waktu pakanci Taun Baru-na ku cara ngumpulkeun pirang-pirang cocooan pikeun barudak. Wanita-wanita sosialita anu baris ngadistribusikeunana ka kamp-kamp pangungsian.”
Kaayaan kamp-kamp pangungsian téh laledok, papakéan nu dipaké dina ieu usum gé parondok, tapi sapatu butna panjang jeung kelirna bodas deuih. Cikénéh kamari kuring ngajojoét berita jeung poto dina koran: “Si Geulis Nyonya Anu sukan-sukan séséépan di hiji kleup malem. Jajaka nu marengan calik Nyonya Geulis téh teu kahaja mahékeun inuman kana raksukanana, tuluy Si Nyonya males ku ngabanjur cai inuman sabotol kana pakéan Si Jajaka.” Ceuk na pikir, “Leuh copelna harga inuman téh kudu kana saratus lira/pond waé mah.” Pikiran kuring nyusul tepus, “Ku harga sakitu, meureun ….”
Tapi sakabéhna éta, deui-deui, taya nu penting.
Satuluyna, manéhna nyarita deui ka kuring, “Éta cocooan téh ku kuring sabatur-batur rék dikardusan, tuluyna mah urang néang treuk nu gratisan keur ngangkutna. Rék dibagikeunana dina kaayaan dikadoan kénéh, ku cara kitu mah sugan jadi kejutan!” Hiji kejutan. Perang téh apan kejutan téa. Éta pisan nu dimongkeun ku pangarang urang Tiongkok, Sun Tzu, lima ratus taun méméh Maséhi. Sedeng kaayaan kuring satengah saré, jeung pangacian teuing ka mana boa. Kajadian modél kieu téh mémang sok karandapan ku kuring, pangpangna mun geus capé pisan, jeung tuluyna téh kuring sorangan gé sok cangcaya. Sok terus melong baé ka balaréa bari tatanya, “Bener kitu ieu téh beungeut urang saréréa nu asli? Kumaha carana urang saréréa bisa meresihan kokotor tina leutak nu sumebar di bulan Juni? Naha enya urang téh keur imut? Naha enya …. ”
Tapi sakabéhna éta, deui-deui, taya nu penting.
Sobot gagang telepon méh lésot, manéhna ngomong deui: “Sakur barudak leutik nalika isuk-isuk dina poé Natal bakal meunang hadiah anu dibungkusan kénéh, tangtu di jerona téh aya kejutan cocoan. Ieu baris jadi nugraha keur maranéhna.” Gagang telepon ditutup, bru kuring ngagebrukeun manéh kana kasur. Satuluyna mah bantal téh nganteurkeun kuring ngawang ka alam mangsa salapan belas taun kalarung.
Harita téh taun 1949.
Dina hiji poé, jalma réa nyarita: “Rombongan ti Palang Mérah baris datang mawa hadiah pikeun ngareuah-reuah pakanci, Dak!” Kuring harita, keur maké calana pondok, dikaméja katun pulas kulawu, disapatu-sendal teu maké kaos kaki. Meneran harita keur usum tiris, usum tiris pangparnana nu pernah kaalaman di ieu daérah. Sabot kuring indit nalika isuk-isukna, ramo-ramo suku meni asa bareku, jeung asa aya nu narémpél siga bubuk kaca araripis tiis dina ramo suku.
Kuring ngajejentul diuk di trotroar, lila-lila mah hing baé ceurik. Nalika kitu, aya hiji lalaki nyampeurkeun, tuluy mawa kuring ka hiji toko nu deukeut ti dinya. Di éta toko téh maranéhna keur mirun seuneu, suluhna kai nu diduruk sajeroeun tong beusi, kuring dideukeutkeun ka dinya, tuluy nyanghunjarkeun suku kana lebah nu deukeut seuneu nu keur ngabebela. Geus rada haneut onaman mah, laju kuring amitan gura-giru ka ténda puseur Palang Mérah, milu ngabérés baris babarengan jeung ratusan barudak séjénna, tunggu giliran.
Gundukan kotak hadiah téh asa jauh katempona, kuring saréréa ngadégdég bati geumpeur jeung tiris, lir dapuran tangkal tiwu ngabaris, bari kalan-kalan rada ajrag-agjragan, ngambéh getih tetep ngalir dina kuluwung urat-urat sajeroeun awak. Nepi kaluman ngadadagoan, ahirna mah datang ogé bagéan kuring, hiji perawat istri anu berséka tapi paromanna semu judes, maparinan kuring kotak hadiah pulasna beureum.
Teu antaparah deui kuring lumpat muru imah, kotak hadiah ngahaja moal waka dibuka. Kiwari, sabada salapan belas taun kalarung, méh geus poho-poho acan kana eusi kotak hadiah éta téh, anging hiji perkara: sakaléng sop miju-muju (kacang lentil). Gap kuring ngeupeul éta kaléng sop téh maké dua leungeun anu jadi burahay alatan ku tiris, diantelkeun ka dada, hareupeun sapuluh budak lianna—lanceuk jeung dulur-dulur kuring—dua puluh panon lir ngoncikeun paneuteup kana éta keléng miju-miju.
Kaayaan kotak hadiah téh—bisa jadi meureun—aya ogé nu eusina cocooan alus keur barudak, tatapi mun kitu mah moal bisa keur didahar. Jadi kuring téh teu merhatikeun deui naon-naon eusi kotakna, satuluyna mah leungit wé cocoon téh. Kaléng sop miju-miju ku kuring ditunda aya kana samingguna, saban poé semet dibikeun sautak-saeutik bari dicampuran cai, sangkan bisa dipasak ku pun biang keur kuring saréréa dahar.
Taya nu nganteng dina ingetan kuring anging usum tiris nu kacida parnana. Kembang és anu ngaborogod ramo-ramo suku kuring, jeung sakaléng sop miju-miju.
Sora lalaki anu hudang janari téh masih ngagaung sajeroeun sirah kuring, mangsa hudang wanci isuk-isuk nu rumeuk tur lungsé pisan dina éta poé, marengan jeung sora loncéng-loncéng nu ngalanglaung dina kaayaan nu hapa jeung pikaketireun. Kuring, mulang tina lalampahan ka mangsa baheula anu épékna téh jejedudan nataku sajeroeun sirah, jeung kuring ….
Tapi éta sakabéhna, deuih, taya nu penting.
Désémber, 1968
*) Ditarjemahkeun tina judul هَدِيّة الْعِيْد ( “A Present for the Holiday” ), yasana Ghassan Kanafani dina buku أطْفَال غسّان كنفاني و القنديل الصَّغِيْر / Barudak Ghassan Kanafani & Lantéra Leutik (citakan husus, wedalan Dar al-Madā li ats-Tsaqōfah wa an-Nasyr, 2002). Disundakeun satarabasna ku Acéng Mao.
Ghassan Kanafani gumelar di Akka, Paléstina, 9 April 1936, ngantunkeun ping 8 Juni 1972. Pangarang nu kawilang produktip samangsa jumenengna. Lian ti nulis carita pondok, ogé nulis novél, drama, éséy, jeung artikel-artikel nu sipatna politis. Tulisan-tulisan Kanafani, utamana carpon-caponna, ngagambarkeun kanyeri tur tragisna kahirupan rahayat Paléstina nu digunasika jeung ditandasa ku Zionis ti mangsa taun tilu puluhan. Man Ghassan Kanafani téh anggota Komite Séntral Popular Front for the Liberation of Palestine (PFLP, Front Rakyat untuk Pembebasan Palestina), ogé jadi anu naratas sakaligus ngéditoran koran mingguan Al-Hadaf (targét), salah sahiji média kénca nu seukeut nyoarakeun perlawanan tur kamerdékaan Paléstina. Karya-karyana tos sumebar jeung ditarjamahkeun ka sawatara basa, kaasup basa Sunda jeung Indonésia. Dina ping 8 Juli 1972, Kanafani perlaya bareng jeung alo kameumeutna, Lamis, alatan dibom ku Mossad (agén rahasia Israél), éta bom téh dipasangkeun di jero mobilna.