Bayangkeun dina hiji poé anu caang tur haneut. Manéh téh keur reureuh jeung kulawarga anu dipikanyaah, ogé tatangga anu sakapeung ngaganggu tapi sakapeung gé méré rasa tumaninah. Manéh téh di dayeuh, tempat manéh nyieun hiji éksisténsi keur diri sorangan. Tapi euweuh béja atawa kasapukan nanaon, manéh téh kapaksa kudu indit ti lemah cai tempat lahir manéh. Di mana manéh geus nyieun kahirupan babarengan jeung jalma-jalma anu dipikanyaah, budaya, jeung kayakinan hirup anu geus napel na jero haté manéh.
Kumaha rarasaan jeung naon anu rék dilakukeun, saupama éta hal karandapan ku manéh?
Ceuk sim kuring mah, éta kanyataan téh matak pikapeuriheun, teu bisa dikedalkeun liwat kekecapan. Dina sagala kamungkinan hal-hal goréng anu kabayangkeun, saluareun ti lemah cai jeung leungiteun tempat cicing, éta kajadian téh can kungsi kabayangkeun saeutik-eutik acan dina pipikiran, jiga keur nyowékan kulit saawak-awak dina kaayaan keur sadar. Éta katalangsaraan téh can kungsi kaubek.
Pangalaman kapeurih kitu anu dirasakeun ku rahayat Paléstina ayeuna, nalika maranéhna dipaksa indit ti lemah caina dina tanggal 15 Méi 1948, sapoé sanggeus David Ben-Gurion ngabéwarakeun ngadegna Nagara Isarél di luhur taneuh Paléstina. Saenyana ieu rarancang téh teu jol-jol aya kitu waé: saacanna, ieu téh mangrupakeun hasil rékoméndasi ti Inggris anu ngupayakeun Paléstina dibagi jadi dua nagara, hiji keur kaom Yahudi jeung hiji deui keur kaom Arab tanggal 29 Nopémber 1947. Antukna, lima nagara Arab ngémbarkeun perang jeung Israél, hanjakal nagara Arab téh éléh dina perang ngalawan Israél dina taun 1949.
Saméméh peperangan, aya 200 nepi ka 300 rébu urang Paléstina anu dipaksa, diusir ti lemah caina. Tuluy, salila ieu perang téh, aya leuwih kana 300 rébuan urang Paléstina katalangsara, teu boga imah keur pangbalikan. Lamun dikira-kira mah, éta tragédi téh karandapan ku ampir 700 rébu urang Paléstina. Di panungtung perang, Isarél ngawasa 40 persén anu saméméhna wilayah Paléstina. Nepi ka ayeuna, jumlah pangungsi ti Paléstina aya leuwih ti 7 juta anu nambahan ti mimiti 1948 nepi ka ayeuna.
Nalika sim kuring nuliskeun ieu tulisan téh, kaayaan anu teu nguntungkeun étnis Paléstina aweuhan (ngagema) ngageuingkeun nu geus lila saré, nyaéta ngeunaan pseudo amnesia anu ayeuna keur dirandapan ku nagara, intéléktual, média jeung publik pigur. Lainna sadar,, maranéhna téh kadon nerapkeun cover both sides anu ditujukeun keur sikep “nétral”, ieu hal téh kalah nguntungkeun posisi agresor. Lainna nempo ieu kajadian téh salaku dekolonisasi atawa momen miéling sajarah panjang ngeunaan pangusiran rahayat Paléstina ku Israél salaku panjajah.
Geus lila, Paléstina téh remen dibayangkeun salaku taneuh anu teu dicicingan (kosong), saukur taneuh nu pinuh ku gurun keusik (gurun pasir), cenah mah masarakat Paléstina kudu indit ti lemah caina téh kusabab aya paréntah ti pihak Arab salila kajadian Nakaba (musibah gedé). Tapi da ceuk sajarawan Walid AL-Khalidi, anu neuleuman arsip Liga Arab tanggal 9 Maret 1948, euweuh hiji-hiji acan bukti paréntah samodél kitu anu kapanggih.
Teu jarang ogé jalma ngarasa bingun kana sajarah nu rumit modél kieu, nepi ka teu boga sikep pikeun mihak ka mana. Bisa waé ieu hal téh disababkeun ku narasi sajarah anu kebagi dua, antara “narasi warga Israél” jeung “narasi warga Paléstina“. Dua narasi ieu téh, jiga nu méré pesen yén sabenerna urang téh teu mampu sagemblengna mihak ka Paléstina, kusabab bebeneran ngeunaan hiji hal téh katingalina sok nyamuni dina karumitan-karumitanna.
Sajarawan Illan Pappe dina Ten Myths About Israél sacara gembleng geus maparkeun ngeunaan kumaha sasab mikir, jiga anu geus ditulis di luhur, ogé sajarahna dicaritakeun atawa direkam lain dumasar fakta, tapi dumasar propaganda jeung mitos. Dina buku anu ditulis ku manéhna keur miéling 50 taun penjajahan anu dilakukeun Israél, Pappe téh hayang milihan jeung nganggeuskeun mitos anu dilanggengkeun ku Zionist ngeunaan panandasa warga Paléstina.
Anggepan yén “Paléstina nyaéta taneuh kosong anu teu dicicingan, cocog keur maranéhna nu teu boga tempat pangbalikan, ogé euweuh anu disebut warga Paléstina di taneuh éta, jeung Israél téh geus ngarobah gurun keusik (gurun pasir) jadi wilayah anu hirup” jiga nu ditegeskeun ku Decolonize Palestine, ogé pamadegan anu saru ti Ilan Pape, éta hal téh mitos. Nu leuwih tragis deui, mitos samodel kieu téh dipaké keur ngebeulah komunitas-komunitas anu geus lila nyicingan wilayah Paléstina, ogé ieu téh upaya keur nga-legitimasi tindakan pangusiran panduduk asli ku kolonialisme pamukiman Zionis (settler-colonialisme).
Sajarah Paléstina, anu pinuh ka pajoangan geus ngagambarkeun hal anu béda. Ieu taneuh téh geus jadi panyicingan keur babaraha populasi anu datang jeung indit tina balukarna paparengan. Di taneuh ieu akar sajarah téh ngawengku ragam asal usul, jiga katurunan Arménia, Bosnia, malahan nepi ka India-Paléstina. Nu matak ngirut mah nyaéta bukti-bukti anu ditulis ku réngréngan pionir Zionis, nu nuduhkeun yén pangeusi asli Paléstina téh geus soméah, cenah mah nepi ka babagi élmu ogé jeung maranéha, ngajarkeun cara ngolah taneuh saacan maranéhna nangtukeun pikeun mikaboga supermasi ogé nangtukeun maranéhna nu boga taneuh éta. Namung, dina lalakonna mah geuning tragis, si pamingpin Zionis téh éxtrimna nepi ka keukeuh nyieun usaha pikeun ngapergasa ogé ngahapuskeun pangeusi asli Paléstina, ieu hal téh tujuanna pikeun panjajah bisa ngagarap, ngamanpaatkeun, keur kapentingan ngabangun peradaban maranéhna sorangan.
Paléstina salaku nagara, Hamas salaku salah sahiji organisasi militan jeung pembebasan ti panjajah Isarél anu aya di sajajalan jalur Gaza didakwa ku média Barat, pamingpin, jeung tokoh publik, salaku iblis anu jahat jeung ngaganggu kanyamanan warga Israél. Duanana téh kalah jadi sasaran anu ngeunaheun pikeun ngedalkeun kakesel ngeunaan serangan anu dilakukeun ku Hamas di poé Saptu 7 Oktober.
Ningali sikep anu ambigu jeung pipilih, Gideon Levy, jurnalis Israél, nyokot sikep yén kalakuan Hamas téh lain euweuh sababna, ceuk manéhna mah di mimitian ku Israél nu menjarakeun 2 juta warga Paléstina. Cenah ceuk Levy yén sikep arogan jeung sangeunahna ti Israél téh geus jiga gusti, teu inget di bumi alam, nembongkeun yén euweuh anu teu mungkin di handap panon poé jeung pasti aya nu kudu dibayar, nyaéta kabébasan warga Paléstina nu geus lila dicokot ku maranéhna, utamana di Jalur Gaza anu dijadikeun tempat pangungsian ku Israél. Maranéhna anu di Jalur Gaza can bisa ngarasakeun kabébasa sapopoé acan.
Sedengkeun Illan Pappe anu ngadukung kamerdékaan Paléstina, ningali éta paristiwa téh patali jeung tindakan Hamas anu geus ka-frame jauh leuwih goréng tibatan kalakuan anu geus dilakukeun ku Israél salila ieu, kusabab tatapakan moral anu béda jeung haré-haré kana tindakan Israél salaku settler-colonial ti Zionisme anu mikahayang pamusnahan masal warga asal/asli/native étnis Paléstina.
Ceuk Pappe, usaha nga-frame Israél salaku pihak anu teu salah jeung nyalahkeun Paléstina saukur gara-gara paristiwa nu enggeus kaliwat téh, nyaéta usaha pikeun mopohokeun sajarah pangusiran, pembantaian, jeung katalangsaraan anu dialaman ku rahyat Paléstina salila babaraha dékade. Urang ulah nepi ka mopohokeun yén rahayat Paléstina keur bajoang pikeun kamerdékaan maranéhna, bajoang pikeun ngabébaskeun manéh tina panandasa anu tutuluyan dilakukeun ku Israél.
Lamun euweuh usaha pembebasan, mangka tindakan Israél ka rahyat Paléstina bisa dianggep sah, jeung sajarah tragis éta bakal kapopoho. Di titik ieu, ku pamarekan dekolonialisasi, panolakan ka sionisme, jeung démokratisasi Paléstina, urang bisa pisan malikeun deui kahirupan jeung masarakat anu adil téh, tanpa diskriminasi dumasar budaya, agama, atawa étnisitasna.
Pamadegan ieu téh sarua jeung pamadeganna Ronan Burtenshaw, dina tulisan anu judulna “Ending Apartheid IS the Obly Path to Peace”. Sanajan leuwih ti 75 tahun, rahayat Paléstina geus jadi korban pendudukan sarta sistem pamisah ras anu dikokolakeun ku Israél – ieu kanyataan nyaéta mangrupa bukti nyata tina hipokrisi anu geus karasa gedé dina sikep pandukung Barat. Padahal mah, lamun Israél jeung réréngan pandukungna bisa ngaku yén geus aya kajadian pamusnahan étnis Paléstina anu teu adil, jeung maranéhna apal yén aya usaha légal anu diajukeun rahayat Paléstina. Ogé lamun maranéhna daék méréskeun sistem apartheid anu aya, mangka sakuduna kabéhanna ieu téh lain geus jadi pokus kahiji, tibatan nyokot posisi anu pipilih jiga anu ketingali ayeuna.**
Ti “75 Tahun Penjajahan Palestina”, ditulis ku Pambudi Driya S, dimuat di Jurno.id, 14 Oktober 2023. Ditarjamahkeun ka basa Sunda ku Ilham.
Gambar: Kawat berduri di tembok Yerusalem Kulon. ©Djampa